Ceuk cenah mah, justru kakayaan budaya ieu modal (kapital) anu dipilarian ku 
para turis ti mancanagara. Upama kakayaan alam mah, bangsa deungeun oge tiasa 
ngokolakeun. Tapi kakayaan budaya ieu teu sadaya bangsa deungeun tiasa ngariksa.
 
Kamari rerencangan kuring, salah sawios dosen Sastra Jawa Kuno, kenging waragad 
kanggo tolab ilmi program S3 di Walanda. Diwaragadan kalayan teu aya iketan 
naon-naon dugi ka rengse ngagondol doktor. Upama dijumlah jamleh mah waragadna 
aya dugi ka 1 milyar rupiah. Aya limaan anu kenging beasiswa samilyar, 
diantawisna kang Mumu/SIMPAY (anu neuleuman basa Sunda kuno, kaahlianana di 
widang filologi). Anu masihan waragadna teh sanes pamarentah asing atanapi 
pamarentah RI. Tapi hiji yayasan swasta  Endonesia, anu gaduhna teh "jalmi 
jegud", upami disebatkeun didieu pasti uninga lah. Tapi asa teu merenah upami 
ku kuring disebatkeun didieu.
 
baktos,
 
mrachmat uidipura
 


--- On Wed, 8/13/08, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Resource Curse..vs kekayaan alam
To: [email protected]
Date: Wednesday, August 13, 2008, 6:55 AM






Nya eta ..matakna kirang populer anu intangible teh...kulantaran hese di 
konversi kana EMV...Inget aman Bung karno..Endonesia loba "kakayaan"..budaya 
pulitik...seni. ..tapi tetep wae SDA anu jadi inceran anu kudu dikalola make 
duit (modal)..... .


On 8/12/08, MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com> wrote: 










Ari kuring mah dibejaan ku hiji ahli demografi, yen Endonesia teh cenah 
beunghar ku kakayaan alam, lain sumber daya alam. Sumber daya alam mah ngan 
sabagian wae tina kakayaan alam. Konsep kakayaan sumber daya alam (SDA), geus 
tinggaleun jaman. Sabab dina kakayaan alam aya sumber daya anu sifatna 
"intangible", kayaning adat istiadat, titinggalan arkeologi, budaya hiji suku, 
bahasa, jeung rea-rea deui.
 
baktos,
 
mrachmat uidipura.

--- On Tue, 8/12/08, mangjamal <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
 
From: mangjamal <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: [Urang Sunda] Resource Curse..!
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Tuesday, August 12, 2008, 12:58 PM




reuni poe saptuna aya kuliah umum, ku juragan menteri negara
lingkungan hidup nu lulusan arsitektur itb (61- duka 71), juragan
Rachmat Witular tea, rakana Wimar Witular, jeung ku juragan hatta
rajasa, menteri sekretaris negara nu oge ketua alumni.

salah sahiji jejer nu dialungkeun juragan RW teh eta, resource curse,
alias supata sumber daya (kutukan sumerdaya). cenah di urang teh
sagala aya, sumber daya alam loba, nepi ka aya babasan, indonesia
subur makmur loh jinawi jst. da enya atuh, ti minyak, gas, batubara,
tembaga, kai, emas, boga jeung loba, tapi gening kieu wae? 

ari bangsa nu teu gaduh resource mah cenah, justeru tibalik. cara
hongkong nu ngan ukur boga batu, jepang kitu, singapura oge (sanajan
RW terus-terang nyebut yen manehna teu pati resep ka singapura-sigana
bongan tukang nyumputkeun koruptor endonesia, jsb)

dina beakna sumber daya alam, aya nu can beak jeung can dipake, naon?
panonpoe jeung ombak laut cenah.

soal energi panonpoe mah, mangga ieu mah emutaneun tukang insinyur
mesin meureun. 

pidato juragan HR mah duka tah, da si kuring kaluar, nempo indung
budak bisi ripuheun ngajaga dua bati, nu hiji resep flying fox, nu
hiji lulumpatan dina jukut deukeut aula barat

 

 














      

Kirim email ke