Sae pisan Kang,
Walonan ti si kuring dibabaran palih handapna masing-masing patarosan
anu diwalonan:
On Thu, Sep 25, 2008 at 2:10 AM, Eri Kurniawan
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Cing baraya, tulungan kuring. Kuring keur nyobaan nalungtik salah
> sahiji struktur basa nyaeta "Prolepsis". Dina basa Inggris, aya
> kalimat samodel kieu,
> "I thought about my wife that she might be bored."
> Saya memikirkan istri saya bahwa dia bisa jadi bosan (terjemahan
> literal).
> Kuring mikiran pamajikan yen manehna sigana boseneun (naha bisa siga
> kieu?)
==> tarjamahan literal bisa siga kitu. Ngan, tarjamahan anu leuwih
umum nujul kana kumaha genahna make basa Sunda sigana kieu:
"Kapikiran ku kuring yen pamajikan teh boa boseneun"
> Tah, cing pangningalikeun kalimat nu dihandap ieu. Naha ceuk baraya
> kalimat eta teh bener? Mun henteu, bejaan kuring nu mana.
===> Balik deui, nuturkeun literal mah tarjamahan-tarjamahan teh tos
nyukupan. Ngan, pami disawang tina kumaha merenah jeung genahna make
basa Sunda, perlu diropea deui. Cikan, kumaha upami kieu:
> Guru ngomongkeun murid-muridna yen maranehna sok karabur.
===> (anu ieu kuring sapuk)
> Siti ngajawab ngenaan jual beuli yen eta teh geus beres.
===> Siti ngawalonan ngeunaan jual beuli yen eta teh geus beres
atawa: Siti ngawalonan yen eta jual beuli teh geus beres
> Ali panasaran ngenaan imah manehna yen eta teh milik indungna.
===> Ali panasaran naha imahna teh bener milik indungna atawa lain.
> Bapa nitah barudakna yen maranehna kudu diajar sing bener.
===> Bapa nitah ka barudakna sangkan dialajar sing baner
atawa: Bapa nitah ka barudakna sangkan dialajar sing suhud
> Soleh netelakeun ngenaan kajadian kamari yen eta teh kacilakaan.
===> Soleh netekaeun yen kajadian kamari teh eta kacilakaan
> Asep mere beja ngenaan tugas sakola yen eta teh wajib sifatna.
===> Asep ngabejaan yen eta tugas sakola teh sifatna wajib
> Ipah nyebutkeun ngenaan buku yen eta teh pamere.
===> Ipah nyebutkeun yen buku eta teh pamere
> Iwan ngingetan barudakna yen maranehna bakal dibawa ulin ka Bali.
===> (anu ieu si kuring sapuk)
> Naon ari basa Sundana menyarankan jeng menasehati?
===> menyarankan = ngusulkeun
menasehati = nganasehatan, mepelingan
> Nuhun pisan.
>
> Baktos ti Iowa,
> Eri
>
===> Sami-sami Kang, mugia manfaat
baktosna abdi ti Bandung,
pun
manAR
(oman abdurahman)