urusan iyeu teh asana mah ti jaman baheula keneh diobrolkeun tapi euweuh 
hasilna.
Ceuk nu hiji alusna hejo ceuk nu hiji deui alusna mah koneng ach uing mah 
salaku rahayat leutik kakalah nambah jangar nempona oge.
Ceuk ceunah, dina masalah cai iyeu teh loba pisan anu kakaitna, titimiti runtah 
nepikeun ka tata ruang kota. Tapi tungtungna mah kana duit deui duit deui, 
heheheh.

Ngan kuring mah kacida heran pisan. Di ITB teh aya jurusan Planologi alias Tata 
ruang kota. Naha lainna tatanya ka ITB anu geus puguh leuwih ngarti? Atawa 
pemkot leuwih mentingkeun nguruskeun beuteung pajabatna tibatan ngurus rahayat? 

Kabayan




--- On Sun, 12/7/08, Kuncen Cimanuk <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Kuncen Cimanuk <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] tumanya….: urusan cai…
To: [email protected]
Date: Sunday, December 7, 2008, 7:37 AM










    
            Kiwari, Bandung jeung sabudereunana keuna ku bancang pakewuh alatan 
banjir… naon anu jadi sabab aya kajadian banjir di Bandung..? ahh… budak leutik 
ge nyahoeun, nya tangtu cai anu jadi sababna mah. Ngan nya kitu, naha kunaon 
eta cai tepi ka bisa ngeueum Bandung anu sakitu legana…? Sedengkeun sababaraha 
bulan anu geus kaliwat, dina usum katiga, Bandung kakurangan jeung sangsara ku 
cai anu bersih. Jadina teh… sangsara ku lobana, susah ku sabab kakurangan….
Ngan nya kitu… sok jadi matak tugenah… da geuning taya pisan usaha jeung 
tarekah ti masyarakatna, geus puguh ning ti pamarentah mah, da memang geus lain 
arep-arepkeuneun ari pamarentah mah…. 
Anu sok matak hookeun mah…. Enya kuring anu hookeun teh, da ari batur mah nya 
teuing ku karepna wae… eta kuring sok hookeun ku polah inohong ti rengrengan 
organisasi kaagamaan (Islam) sigana teh hare-hare wae… sigana, ceuk pikirna 
banjir jeung kakurangan cai mah lain urusan agama…. Padahal, pan banjir jeung 
kakurangan cai teh teu kurang nyangsarakeun model tunggara alatan teu boga 
duit, intina mah sarua matak katalangsara… . malah jadi alatan ngancam 
kasalametan balarea…  Sedengkeun anu ngarana katalangsara pan mangrupa hiji 
sabab anu bisa nimbulkeun kakufuran…??
Mun banjir jeung kakurangan cai diantarana alatan leuweung anu gundul bulistir 
teu kaurus jeung teu diurus…. kira-kira eta kaasup masalah ka-agama-an lain..??

...... kuring,
...... anu paeh panasaran alatan cai...

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke