--- Pada Jum, 12/12/08, Aang Wahyono <[email protected]> menulis:




Si Kabayan bebesan jeung urang
Sebrang  Hiji waktu si Besan ngabejaan
yen rek datang ka lembur si Kabayan pikeun silaturahmi. Puguh we si Kabayan
mani  tihothat rumasa manehna teu lancar
lamun kudu ngomong  basa Indonesia 
da tangtuna teu mungkin atuh ari si besan ngomong basa indonesia
dilayanan ku basa sunda, moal nyambung pikirna atuh tah silaturahim..

Keur ngarengsekeun masalah , Si Kabayan maksa anakna si Itok
sangkan  manehna daekeunmere kursus kilat
Basa Indonesaia. Si Itok deui ngan saukur nepi ka kelas opat SD nya kapaksa
ngursus bapana sabisa-bisa jeung sakapanggihna

Mani getol tur imeut pisan Si kabayan kursusna, teu karasa geus
tilu minggu manehna jadi murid dadakan.anakna.

Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa, sakadang Besan geus
datang ka imah si Kabayan. Barang srog ge, mani giak si Kabayan ngabageakeun
Besan-na, pokna :

“ Alhamdulillah San euy, bagaimana kabarnyah pada sarehat  semuanyah?” bari sor 
ngajak sasalaman  “ Hayoh lah san jangan mengunjungi orang
lain lah di rumah sayah mah “ mani darehdeh pisan si Kabayan nyambut
besan..

“ Baik baik Pak kabayan “ jawab si Besan bari rada kerung, sigana aya basana si
kabayan nu teu kahartieun

“Mohon maaf pak Kabayan kalau saya bawa keluarga agak banyak
ini, maklum katanya mau ketemu dengan Pak Kabayan. “ ceuk si Besan sasadu

“Tidak apah-apah atuh san, mau saabreg juga riang saja
yang ada sayah mah”jawab si Kabayan .

Semah diaku di tengah imah nu geus diamparan samak ti
kamarina keneh. Ditengah imah geus pinuh ku susuguh mani ngalayah bubuhan
kadatangan tamu istimewa meureun .

“Mangga San bebas saja di tempat diam sayah mah, mau duduk
melipat kaki mau duduk meluruskan 
kaki terserah besan
pokonya bagaimana enaknya sajah “ ceuk si Kabayan mani darehdeh pisan.

Bari
ngobrol si Kabayan teu poho nawarkeun opieun “ Sok San mangga dienakan
ini nih yang namanya Burayot, atau yang itu tuh katimus, enaknya dimakan sama
air the panas ada oleh tegap  geura” ceuk si Kabayan mani pok deui pok deui
hayang ngaku meureuen tidituna mah.

Ari Si Besan nu satengah teu ngarti ngan ukur bisa  ngomnong : “ Iya ..iya

Pak Kabayan “

“ Mau berapa hari atuh besan disini , sudah buat meng
rereb mah disini juga laluas ieuh, cuman harus waktunya  sayah tidak bisa 
mengaku dengan secara
merenah dan me-nyugemakan besan, da puguh di kampung itu tidak
seperti keadaan di kota,lin?” ceuk si 
Kabayan deui  .Diomongan kitu si
besan mimiiti haruwas harewos ka bojona tayohna teu ngartieun naon nu
diomongkeun ku si Kabayan, ngan ukur bisa ngomong : “ Iyah ..Iyah Pak Kabayan “

“Sudah san tah besok atau hari setelah besok  ke ku sayah besan diajak mancing 
ikan di kolam
alam  kecil dan  dalam , bangsanya deleg-deleg mah banyak
geura” pok deui si Kabayan ngomong bari teus nyambung :  “ wah pasti besan 
riang cepat,
memancing disanah mah cepat masuk keair mengiriwil atawa masuk
ke air mengkunyunyud,  atuh
sebaliknya dari sana ayo kita mengundeur 
lalab-lalaban sarupaning daun kecilnya kates ubi ketela kacang
panjang dan sebangsanya” omong si Kabayan mani PD pisan ngomong maka
basa Indonesiana . 

Lila lila si Kabayan ngarasaeun oge si Besan siga nu teu
ngartieun kana omongan manehna, tidituna mah rek mere justifikasi ka si kabesan
atuh pok manehna ngomong : “ Aduh San mohon di hapunten yah kana segala
kelepatan, kalau bahasa Malayu  sayah
amburadul begini, ini juga hasil kalah tidak dalamnya si Itok yang  terpaksa 
memberikan kursus kilat kepada
sayah”   pokna tidituna mah sasadu  leuwih bener nerangkeun.

Beuki lila obrolan antara si Kabayan jeung Besan nu tadina
aya komunikasi dua arah ayuena ngan kari komunikasi satu arah nyaeta ngan si
Kabayan we nu nyorocos maka basa Indonesia versi manehna, ari si
Besan beuki lila jadi silent audience alaias jadi pendengar yang baik tea   da 
eta meureun beuki lila beki lieur ngabandunganana.

Geus cag ah dongengna nepi kadieu
we bisi dulurs tambah lieur macana , tapi bisi dulurs rek nambahan mah sok we
lah da teu mayar ieuh, ngan omat kudu mere tarjamahna  nya!   


Tah ka dulurs nu sanasib jeung Ki
Besan, akang rek ngajak noong tah kana peperenian si kabayan nu
ngarupakeun  catetan hasil kursus kilatna
ti si Itok, Tah dihandap ieu.

  

jangan mengunjungi orang lain = nyemah

riang saja yang ada= atoh we nu aya

di tempat diam = di panganjrekan

duduk melipat kaki = diuk sila

duduk meluruskan 
kaki = diuk sidengdang

dienakan = diraosan

ada oleh tegap = aya ku tegep

mengrereb = meuting

laluas = lalega

harus waktunya = kudu wayahna

bisa mengaku = 
bisa ngaku

hari setelah besok = pageto

kolam alam keci dan dalam = leuwi

riang cepat = atoh geura

masuk ke air mengiriwil rusuh = clom giriwil

masuk ke air mengkunyunyud = clom kunyunyudl

mengundeur = ngundeur, metik lalab 

daun kecil = pucuk daun

kalah tidak dalam = eleh deet

 

 

Wa Aang ====




      Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat. Undang teman dari 
Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang! 
http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke