daerah hulu mun teu lepatmah GIRANG kang

ari ceuk kuringmah nu kudu tiheula dibeneran teh mekanisme (naon sundana nya?) 
jeung sistem ngokolakeun wewengkon nu aya di daerah girang, utamana kumaha 
negakeun aturan2 na.
contona didaerah kuring (kabeneran jadi urang girang), wewengkon lamping gunung 
ciremai. kondisina geus matak pikawatireun.
anu tadina leuweung pines ayeuna geus robah jadi kebon palawija anu hasilna 
bisa jadi leuwih unjul tibatan hasil tina pines. 
naha leuweung ngadadak jadi kebon palawija? wawloh hu alam bishowaf. kuring ge 
teu apal. ngan nu jelas di deukeuteun wewengkon eta aya pos polisi hutan jeung 
dinas kehutanan.
asa pamohalan mun dinas kehutanan jeung polisi hutan teu apal aturanmah

tah anu ditanyakeun kukuring, kumaha sabenerna aturanateh, leuweung nu kumaha 
anu bisa dirobah fungsina?
sok lah ka tukang leuweung pang ngalungkeun

hatur nuhun

Nana Suwargana
urang lamping ciremai nu keur ngumbara di bekasi




________________________________
Dari: Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Selasa, 9 Desember, 2008 17:52:37
Topik: Re: [Urang Sunda] tumanya….: urusan cai…


Untung nya Cimanuk mah ngalir ka kalerna ngaliwatan jalur wetan, jadi teu 
ngaliwatan Bandung. Mun bae ngaliwatan Bandung sarta ngabalukarkeun banjir, 
bisa2 urang Garut disalahkeun. .. Komo nu ieu mah, Kuncen Cimanuk, pantes pisan 
mun disalahkeun teh... :P

Kamari2 saliwat maca dina Tribun Jabar, cenah pihak Gubernur boga usulan 
sangkan daerah hulu walungan (naon nya Sundana? Bet gadadak poho... da baheula 
mah teu apal) dikawasa ku Pamarentah. Maksudna, salila ieu daerah hulu teh 
darugul da diparake tatanen ku masarakat, sahingga daya serep taneuh teh 
ngurangan. Tah, kumaha ngarah caina herang laukna beunang? Kumaha carana 
sangkan masarakat sabudeureun hulu anu make lahan henteu leungiteun pangupa 
jiwa mun eta wewengkon dileuweungkeun?


On Sun, Dec 7, 2008 at 10:37 PM, Kuncen Cimanuk wrote:

Kiwari, Bandung jeung sabudereunana keuna ku bancang pakewuh alatan banjir… 
naon anu jadi sabab aya kajadian banjir di Bandung..? ahh… budak leutik ge 
nyahoeun, nya tangtu cai anu jadi sababna mah. Ngan nya kitu, naha kunaon eta 
cai tepi ka bisa ngeueum Bandung anu sakitu legana…? Sedengkeun sababaraha 
bulan anu geus kaliwat, dina usum katiga, Bandung kakurangan jeung sangsara ku 
cai anu bersih. Jadina teh… sangsara ku lobana, susah ku sabab kakurangan….
Ngan nya kitu… sok jadi matak tugenah… da geuning taya pisan usaha jeung 
tarekah ti masyarakatna, geus puguh ning ti pamarentah mah, da memang geus lain 
arep-arepkeuneun ari pamarentah mah…. 
Anu sok matak hookeun mah…. Enya kuring anu hookeun teh, da ari batur mah nya 
teuing ku karepna wae… eta kuring sok hookeun ku polah inohong ti rengrengan 
organisasi kaagamaan (Islam) sigana teh hare-hare wae… sigana, ceuk pikirna 
banjir jeung kakurangan cai mah lain urusan agama…. Padahal, pan banjir jeung 
kakurangan cai teh teu kurang nyangsarakeun model tunggara alatan teu boga 
duit, intina mah sarua matak katalangsara…. malah jadi alatan ngancam 
kasalametan balarea…  Sedengkeun anu ngarana katalangsara pan mangrupa hiji 
sabab anu bisa nimbulkeun kakufuran…??
Mun banjir jeung kakurangan cai diantarana alatan leuweung anu gundul bulistir 
teu kaurus jeung teu diurus…. kira-kira eta kaasup masalah ka-agama-an lain..??
-- 
sikandar
kumincir.blogspot. com
    


      Coba Yahoo! Messenger 9.0 baru. Lengkap dengan segala yang Anda sukai 
tentang Messenger! http://id.messenger.yahoo.com

Kirim email ke