Satemenna, geus ti baheula, ti kuring inget wae, dasawarsa 80-an urusan cai (pasna: banjir dina usum hujan jeung dangdangrat dina usum halodo atawa katiga) dipadungdengkeun. Lain padungdeng anu ngabuntut bangkong, tapi lengkep jeung usulan pikeun ngungkulan masalahna. Lamun diringkeskeun, jalan jalan kaluarna teu loba, teu aneh-aneh, jeung teu susah (keur Pamarentah mah komo da boga kakawasaan), kieu cenah:
- Hejokeun wewengkon hulu walungan - Nyieun bendungan-bendungan leutik (check dam) di wewenkong luhur tinangtu (di ketinggian tertentu. Ieu fungsi check dam teh keur nahan laju cai dina usum banjir jeung nyadiakeun serepan cai keur usum halodo. Lokasina geus aya dina peta hasil panalungtikan - Nyieun sumur serepan cai di pakotaan - Industri-industri kudu ngurangan nyokot cai taneuh, utamana tina lapisan taneuh/batu anu ngandung cai (akuifer) anu deet sabab eta mah hancengan penduduk - Kurangan rentulna pakampungan atawa paimahan di wewengkon banjir (natural levee ceuk basa mahasiswana mah) - Piara drainase : walungan-walungan/solokan-solokan, kamalir cai, jst (ulah nepi ka jadi heureut alatan kadeseh ku imah/pamukiman atawa pinuh ku runtah - Stop atawa ulah gampang mikeun (basa lemesna: ngajual) sirah cai ka pangusaha cai inuman dina wadah (AMDK: air minum dalam kemasan). Cai mah lain keur jualeun, balikta keur kaperluan sarerea anu sakuduna haratis Tah...hal-hal anu ditataan di luhur lamun teu bisa dilakonan ku Pamarentah nya meureun engke diatur ku...balad kang Halimun? (hehehe) ...ku anu bisa ngatur wae meureun. Aya nu nyebut budak angon cenah. Baheula mah disebutna Raja, Ratu atawa Prabu. Contona: Prabu Wastukancana, Prabu Siliwangi (Kang Halimun, kuring lain ngawadul atawa lain kirata, atawa lain nostalgia atawa lain romantisme lamun nyebut eta prabu2 jadi conto keur tuladan dina ngokolakeun cai. Sabab, aya buktina sakumaha dina prasasti-prasasti. Mun teu percaya, Ambu baris medar geura. (Pis...kang Halimun anu teu percaya ka Sunda mah ayana di milist Cag. manar On Tue, Dec 9, 2008 at 2:52 AM, Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Untung nya Cimanuk mah ngalir ka kalerna ngaliwatan jalur wetan, jadi teu > ngaliwatan Bandung. Mun bae ngaliwatan Bandung sarta ngabalukarkeun banjir, > bisa2 urang Garut disalahkeun... Komo nu ieu mah, Kuncen Cimanuk, pantes > pisan mun disalahkeun teh... :P > > Kamari2 saliwat maca dina Tribun Jabar, cenah pihak Gubernur boga usulan > sangkan daerah hulu walungan (naon nya Sundana? Bet gadadak poho... da > baheula mah teu apal) dikawasa ku Pamarentah. Maksudna, salila ieu daerah > hulu teh darugul da diparake tatanen ku masarakat, sahingga daya serep > taneuh teh ngurangan. Tah, kumaha ngarah caina herang laukna beunang? Kumaha > carana sangkan masarakat sabudeureun hulu anu make lahan henteu leungiteun > pangupa jiwa mun eta wewengkon dileuweungkeun? > > On Sun, Dec 7, 2008 at 10:37 PM, Kuncen Cimanuk wrote: >> >> Kiwari, Bandung jeung sabudereunana keuna ku bancang pakewuh alatan >> banjir… naon anu jadi sabab aya kajadian banjir di Bandung..? ahh… budak >> leutik ge nyahoeun, nya tangtu cai anu jadi sababna mah. Ngan nya kitu, naha >> kunaon eta cai tepi ka bisa ngeueum Bandung anu sakitu legana…? Sedengkeun >> sababaraha bulan anu geus kaliwat, dina usum katiga, Bandung kakurangan >> jeung sangsara ku cai anu bersih. Jadina teh… sangsara ku lobana, susah ku >> sabab kakurangan…. >> Ngan nya kitu… sok jadi matak tugenah… da geuning taya pisan usaha jeung >> tarekah ti masyarakatna, geus puguh ning ti pamarentah mah, da memang geus >> lain arep-arepkeuneun ari pamarentah mah…. >> Anu sok matak hookeun mah…. Enya kuring anu hookeun teh, da ari batur mah >> nya teuing ku karepna wae… eta kuring sok hookeun ku polah inohong ti >> rengrengan organisasi kaagamaan (Islam) sigana teh hare-hare wae… sigana, >> ceuk pikirna banjir jeung kakurangan cai mah lain urusan agama…. Padahal, >> pan banjir jeung kakurangan cai teh teu kurang nyangsarakeun model tunggara >> alatan teu boga duit, intina mah sarua matak katalangsara…. malah jadi >> alatan ngancam kasalametan balarea… Sedengkeun anu ngarana katalangsara pan >> mangrupa hiji sabab anu bisa nimbulkeun kakufuran…?? >> Mun banjir jeung kakurangan cai diantarana alatan leuweung anu gundul >> bulistir teu kaurus jeung teu diurus…. kira-kira eta kaasup masalah >> ka-agama-an lain..?? > > -- > sikandar > kumincir.blogspot.com > ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

