Ass.ww wbr Tah geuning kang Oman nongol deui diKusnet.Kumaha damang Kang Oman? ieu akang ge kakara tiasa ulubiung deui yeuh! Sugan we tiasa mayeng!
Wa Aang --- Pada Rab, 10/12/08, oman abdurahman <[email protected]> menulis: Dari: oman abdurahman <[email protected]> Topik: Re: [Urang Sunda] tumanya….: urusan cai… Kepada: [email protected] Cc: "kisunda" <[email protected]> Tanggal: Rabu, 10 Desember, 2008, 1:32 AM Kang Kuncen Cimanuk, Nambahan deui saeutik. Kasalahan urang dina urusan cai (oge urusan nu sejenna) eta ngobrolkeun teh lamun geus karasa akibatna. Contona, nguruskeun cara-cara ngungkulan banjir pas dina usum atawa eukeur kajadian banjir. Oge nguruskeun soal kakurangan cai pas keur dangdangrat kaholodoan. Jadi wae....nyakitu tea responsif (tapi masih leuheung tinimbang henteu aya reaksi pisan mah). Tapi, kang Kuncen Cimanuk mah teu kitu. Dina ngadadarkeun jeung makumaha soal banjir di wewengkon Bandung ayeuna, teu hilap nyabit-nyabit soal kahalodoan oge. Der ah, ka sadayana diantos usulanana pikeun ngungkulan pasoalan cai ieu. Tetengger-tetenggerna geus disodorkeun dina postingan samemehna. manar On Sun, Dec 7, 2008 at 7:37 AM, Kuncen Cimanuk <[email protected]> wrote: > Kiwari, Bandung jeung sabudereunana keuna ku bancang pakewuh alatan banjir… > naon anu jadi sabab aya kajadian banjir di Bandung..? ahh… budak leutik ge > nyahoeun, nya tangtu cai anu jadi sababna mah. Ngan nya kitu, naha kunaon > eta cai tepi ka bisa ngeueum Bandung anu sakitu legana…? Sedengkeun > sababaraha bulan anu geus kaliwat, dina usum katiga, Bandung kakurangan > jeung sangsara ku cai anu bersih. Jadina teh… sangsara ku lobana, susah ku > sabab kakurangan…. > Ngan nya kitu… sok jadi matak tugenah… da geuning taya pisan usaha jeung > tarekah ti masyarakatna, geus puguh ning ti pamarentah mah, da memang geus > lain arep-arepkeuneun ari pamarentah mah…. > Anu sok matak hookeun mah…. Enya kuring anu hookeun teh, da ari batur mah > nya teuing ku karepna wae… eta kuring sok hookeun ku polah inohong ti > rengrengan organisasi kaagamaan (Islam) sigana teh hare-hare wae… sigana, > ceuk pikirna banjir jeung kakurangan cai mah lain urusan agama…. Padahal, > pan banjir jeung kakurangan cai teh teu kurang nyangsarakeun model tunggara > alatan teu boga duit, intina mah sarua matak katalangsara…. malah jadi > alatan ngancam kasalametan balarea… Sedengkeun anu ngarana katalangsara pan > mangrupa hiji sabab anu bisa nimbulkeun kakufuran…?? > Mun banjir jeung kakurangan cai diantarana alatan leuweung anu gundul > bulistir teu kaurus jeung teu diurus…. kira-kira eta kaasup masalah > ka-agama-an lain..?? > > ...... kuring, > ...... anu paeh panasaran alatan cai... > > ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ___________________________________________________________________________ Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru. Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. Cepat sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

