bejakeun siah! CEU.... CEU....! bapana si Bagja yeuh, rek taeun....
Kumincir Wikidisastra wrote:
jadi bedana ukur aya/euweuh 's' dina tungtungna nya? Mun kitu, daripada nyandung mah mending keneh nyandungs, nya? Sabab data2 pribadi dijamin aman... :DOn Tue, Mar 3, 2009 at 1:54 PM, Irpan rispandi wrote: tah didieu gunana http jeung https tea teh. lamun alamat website mimitina http, maka sakabeh data anu dikirim ti komputer urang ka komputer website, jeung sabalikna, eta data teh buligir teu dibungkusan. Atuh ngaran-ngaran buligir, tangtu katingali sakabehna, anu panjang nu pondok, nu denok nu betekok, kabeh kaciri. sahingga si 'cakcak bodas' bisa oge meunangkeun informasi anu dikirimkeun. tapi lamun anu https, maka data-data tea teh dibungkusan, mimiti ku lawon bodas, terus ditalian make pita beureum. terus bungkusan eta diasupkeun kana dus. dusna dilakban, terus dus eta diasupkeun kana peti. petina digembok. terus peti eta diasupkeun kana 'Armored Vehicle', anti peluru jeung ledakan bom. terus dikirimna dikawal ku BM. pokonamah aman we lah. -- sikandar kumincir.blogspot.com <http://kumincir.blogspot.com>
-- Sent NOT from my BlackBerry® powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever ***Gue gak punya blackberry, puas?!

