https teh mun diibaratkeun anjing herder, bisa ditempatkeun di lawang
panto pager atawa lawang panto imah, biasana sok ditempatkeun na
lawang panto imah, nu matak perlu login heula. na lawang panto pager
mah cukup ku http, ngarah tamu masih bisa noongan kaayaan sabudereun
imah.
(mh)

On Tue, Mar 10, 2009 at 8:37 AM, Ahmad Toha <[email protected]> wrote:
> Heu..heu..enya geuning nganggo, kamari mah mecakna teu login.
>
> Emod,
>
> On Mon, Mar 9, 2009 at 10:56 PM, Reka Bohay <[email protected]> wrote:
>>
>> Nganggo kang.. sok geura login, pasti lebet ka: https://ibank.klikbca.com
>>
>> -Bohay-
>>
>> 2009/3/7 Ahmad Toha <[email protected]>
>>>
>>> Geuning, http://www.klikbca.com teu make  s
>>>
>>> Aman keneh kantor kuring atuh batan BCA,  https://owa.caprock.com
>>>
>>> Emod,
>>>
>>> On Tue, Mar 3, 2009 at 1:54 PM, Irpan rispandi <[email protected]>
>>> wrote:
>>>>
>>>> ...bisi aya cakcak bodas.
>>>> (ngomongna bari ngaharewos tea he..he...he..)
>>>>
>>>> Baraya,
>>>> kadang kadang urang jarang merhatikeun alamat hiji website.
>>>> eta anu http://www.semurjengkol.com tea geuningan.
>>>>
>>>> tah lamun urang muka website umum, boh berita, forum ngawangkong, dsb,
>>>> biasanamah alamatna teh dimimitian ku "http" (teu make curek).
>>>> tapi lamun urang muka website bank, atawa sakola/universitas, alamatna
>>>> biasana https.
>>>>
>>>> naon bedana?
>>>> bedana nyaeta ..... "bisi aya cakcak bodas" (ngaharewos)
>>>>
>>>> Baraya,
>>>> geus lumrah jeung umum lamun website-website jaman kiwari, tina segi
>>>> penampilan jeung eusi geus alus jeung dinamis. Eusina teu malulu
>>>> informasi standar jeung EDED (eta deui eta deui). Website jaman ayeuna
>>>> leuwih interaktif, dina harti, jalma anu muka website bisa berinteraksi
>>>> jeung website eta, boh daftar jadi anggota, ngeusian formulir, samalah
>>>> bisa ngirim duit ka batur.
>>>>
>>>> conto:
>>>> urang muka website http://www.semurjengkol.com, anu ngajual semur
>>>> jengkol, tuluy urang order 100 porsi keur duaaneun, urang kari milih
>>>> (contreng no 2009) sakahayang urang, terus oge nangtukeun cara mayarna,
>>>> ngeusian informasi diri urang (alamat pengiriman, dsb), karek OK.
>>>>
>>>> Sanggeus urang ngeusian tektek bengek formulir di website semurjengkol,
>>>> mangka eta data-data anu kuurang dieusikeun teh dikirimkeun, ti komputer
>>>> urang ka komputerna warung semurjengkol. Tah didieu tempat nyamunina
>>>> 'Cakcak Bodas' teh, nyaeta ditengah jalan antara komputer urang jeung
>>>> komputer warung semurjengkol.
>>>>
>>>> masih mending lamun data/informasi anu ku urang dieusikeun jeung dikirim
>>>> ka semurjengkol teh ngan ukur jumlah porsi anu 100 tea ditambah ku
>>>> alamat kos-kosan di gang Belekok no 13. dina kadengena oge ku 'Cakcak
>>>> Bodas', data-data kitu mah teu pati penting.
>>>>
>>>> kumaha lamun anu ku urang di kirim teh data-data penting, misalna nomer
>>>> rekening bank, nomer kartu kredit, jsb.
>>>> kan bahaya.
>>>>
>>>> tah didieu gunana http jeung https tea teh.
>>>> lamun alamat website mimitina http, maka sakabeh data anu dikirim ti
>>>> komputer urang ka komputer website, jeung sabalikna, eta data teh
>>>> buligir teu dibungkusan. Atuh ngaran-ngaran buligir, tangtu katingali
>>>> sakabehna, anu panjang nu pondok, nu denok nu betekok, kabeh kaciri.
>>>> sahingga si 'cakcak bodas' bisa oge meunangkeun informasi anu
>>>> dikirimkeun.
>>>>
>>>> tapi lamun anu https, maka data-data tea teh dibungkusan, mimiti ku
>>>> lawon bodas, terus ditalian make pita beureum. terus bungkusan eta
>>>> diasupkeun kana dus. dusna dilakban, terus dus eta diasupkeun kana peti.
>>>> petina digembok. terus peti eta diasupkeun kana 'Armored Vehicle', anti
>>>> peluru jeung ledakan bom. terus dikirimna dikawal ku BM. pokonamah aman
>>>> we lah.
>>>>
>>>> nu matak lamun urang muka website bank atwa sakola, atawa naon wae anu
>>>> osok merlukeun data pribadi jeung penting, alamat mimitina sok make
>>>> https.
>>>>
>>>> *** sakieu heula.
>>>>
>>>> nambah:
>>>> kaamanan lalulintas data di internet memang teu cukup ku ngandelkeun
>>>> https hungkul, sabab https oge loba celah kakuranganna. Ke kahareup
>>>> urang bahas deui hal sejen anu aya pakaitna jeung keamanan.
>>>>
>>>> --
>>>> Sent NOT from my BlackBerry®
>>>> powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
>>>> ***Gue gak punya blackberry, puas?!
>>>>
>>>
>>
>
>
>
> 

Kirim email ke