Nganggo kang.. sok geura login, pasti lebet ka: https://ibank.klikbca.com
-Bohay- 2009/3/7 Ahmad Toha <[email protected]> > Geuning, http://www.klikbca.com teu make s > > Aman keneh kantor kuring atuh batan BCA, https://owa.caprock.com > > Emod, > > > On Tue, Mar 3, 2009 at 1:54 PM, Irpan rispandi <[email protected]>wrote: > >> ...bisi aya cakcak bodas. >> (ngomongna bari ngaharewos tea he..he...he..) >> >> Baraya, >> kadang kadang urang jarang merhatikeun alamat hiji website. >> eta anu http://www.semurjengkol.com tea geuningan. >> >> tah lamun urang muka website umum, boh berita, forum ngawangkong, dsb, >> biasanamah alamatna teh dimimitian ku "http" (teu make curek). >> tapi lamun urang muka website bank, atawa sakola/universitas, alamatna >> biasana https. >> >> naon bedana? >> bedana nyaeta ..... "bisi aya cakcak bodas" (ngaharewos) >> >> Baraya, >> geus lumrah jeung umum lamun website-website jaman kiwari, tina segi >> penampilan jeung eusi geus alus jeung dinamis. Eusina teu malulu >> informasi standar jeung EDED (eta deui eta deui). Website jaman ayeuna >> leuwih interaktif, dina harti, jalma anu muka website bisa berinteraksi >> jeung website eta, boh daftar jadi anggota, ngeusian formulir, samalah >> bisa ngirim duit ka batur. >> >> conto: >> urang muka website http://www.semurjengkol.com, anu ngajual semur >> jengkol, tuluy urang order 100 porsi keur duaaneun, urang kari milih >> (contreng no 2009) sakahayang urang, terus oge nangtukeun cara mayarna, >> ngeusian informasi diri urang (alamat pengiriman, dsb), karek OK. >> >> Sanggeus urang ngeusian tektek bengek formulir di website semurjengkol, >> mangka eta data-data anu kuurang dieusikeun teh dikirimkeun, ti komputer >> urang ka komputerna warung semurjengkol. Tah didieu tempat nyamunina >> 'Cakcak Bodas' teh, nyaeta ditengah jalan antara komputer urang jeung >> komputer warung semurjengkol. >> >> masih mending lamun data/informasi anu ku urang dieusikeun jeung dikirim >> ka semurjengkol teh ngan ukur jumlah porsi anu 100 tea ditambah ku >> alamat kos-kosan di gang Belekok no 13. dina kadengena oge ku 'Cakcak >> Bodas', data-data kitu mah teu pati penting. >> >> kumaha lamun anu ku urang di kirim teh data-data penting, misalna nomer >> rekening bank, nomer kartu kredit, jsb. >> kan bahaya. >> >> tah didieu gunana http jeung https tea teh. >> lamun alamat website mimitina http, maka sakabeh data anu dikirim ti >> komputer urang ka komputer website, jeung sabalikna, eta data teh >> buligir teu dibungkusan. Atuh ngaran-ngaran buligir, tangtu katingali >> sakabehna, anu panjang nu pondok, nu denok nu betekok, kabeh kaciri. >> sahingga si 'cakcak bodas' bisa oge meunangkeun informasi anu dikirimkeun. >> >> tapi lamun anu https, maka data-data tea teh dibungkusan, mimiti ku >> lawon bodas, terus ditalian make pita beureum. terus bungkusan eta >> diasupkeun kana dus. dusna dilakban, terus dus eta diasupkeun kana peti. >> petina digembok. terus peti eta diasupkeun kana 'Armored Vehicle', anti >> peluru jeung ledakan bom. terus dikirimna dikawal ku BM. pokonamah aman >> we lah. >> >> nu matak lamun urang muka website bank atwa sakola, atawa naon wae anu >> osok merlukeun data pribadi jeung penting, alamat mimitina sok make https. >> >> *** sakieu heula. >> >> nambah: >> kaamanan lalulintas data di internet memang teu cukup ku ngandelkeun >> https hungkul, sabab https oge loba celah kakuranganna. Ke kahareup >> urang bahas deui hal sejen anu aya pakaitna jeung keamanan. >> >> -- >> Sent NOT from my BlackBerry® >> powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever >> ***Gue gak punya blackberry, puas?! >> >> > >

