Heu..heu..enya geuning nganggo, kamari mah mecakna teu login.

Emod,

On Mon, Mar 9, 2009 at 10:56 PM, Reka Bohay <[email protected]> wrote:

>   Nganggo kang.. sok geura login, pasti lebet ka:
> https://ibank.klikbca.com
>
> -Bohay-
>
> 2009/3/7 Ahmad Toha <[email protected]>
>
>    Geuning, http://www.klikbca.com teu make  s
>>
>> Aman keneh kantor kuring atuh batan BCA,  https://owa.caprock.com
>>
>> Emod,
>>
>>
>> On Tue, Mar 3, 2009 at 1:54 PM, Irpan rispandi <[email protected]>wrote:
>>
>>>   ...bisi aya cakcak bodas.
>>> (ngomongna bari ngaharewos tea he..he...he..)
>>>
>>> Baraya,
>>> kadang kadang urang jarang merhatikeun alamat hiji website.
>>> eta anu http://www.semurjengkol.com tea geuningan.
>>>
>>> tah lamun urang muka website umum, boh berita, forum ngawangkong, dsb,
>>> biasanamah alamatna teh dimimitian ku "http" (teu make curek).
>>> tapi lamun urang muka website bank, atawa sakola/universitas, alamatna
>>> biasana https.
>>>
>>> naon bedana?
>>> bedana nyaeta ..... "bisi aya cakcak bodas" (ngaharewos)
>>>
>>> Baraya,
>>> geus lumrah jeung umum lamun website-website jaman kiwari, tina segi
>>> penampilan jeung eusi geus alus jeung dinamis. Eusina teu malulu
>>> informasi standar jeung EDED (eta deui eta deui). Website jaman ayeuna
>>> leuwih interaktif, dina harti, jalma anu muka website bisa berinteraksi
>>> jeung website eta, boh daftar jadi anggota, ngeusian formulir, samalah
>>> bisa ngirim duit ka batur.
>>>
>>> conto:
>>> urang muka website http://www.semurjengkol.com, anu ngajual semur
>>> jengkol, tuluy urang order 100 porsi keur duaaneun, urang kari milih
>>> (contreng no 2009) sakahayang urang, terus oge nangtukeun cara mayarna,
>>> ngeusian informasi diri urang (alamat pengiriman, dsb), karek OK.
>>>
>>> Sanggeus urang ngeusian tektek bengek formulir di website semurjengkol,
>>> mangka eta data-data anu kuurang dieusikeun teh dikirimkeun, ti komputer
>>> urang ka komputerna warung semurjengkol. Tah didieu tempat nyamunina
>>> 'Cakcak Bodas' teh, nyaeta ditengah jalan antara komputer urang jeung
>>> komputer warung semurjengkol.
>>>
>>> masih mending lamun data/informasi anu ku urang dieusikeun jeung dikirim
>>> ka semurjengkol teh ngan ukur jumlah porsi anu 100 tea ditambah ku
>>> alamat kos-kosan di gang Belekok no 13. dina kadengena oge ku 'Cakcak
>>> Bodas', data-data kitu mah teu pati penting.
>>>
>>> kumaha lamun anu ku urang di kirim teh data-data penting, misalna nomer
>>> rekening bank, nomer kartu kredit, jsb.
>>> kan bahaya.
>>>
>>> tah didieu gunana http jeung https tea teh.
>>> lamun alamat website mimitina http, maka sakabeh data anu dikirim ti
>>> komputer urang ka komputer website, jeung sabalikna, eta data teh
>>> buligir teu dibungkusan. Atuh ngaran-ngaran buligir, tangtu katingali
>>> sakabehna, anu panjang nu pondok, nu denok nu betekok, kabeh kaciri.
>>> sahingga si 'cakcak bodas' bisa oge meunangkeun informasi anu
>>> dikirimkeun.
>>>
>>> tapi lamun anu https, maka data-data tea teh dibungkusan, mimiti ku
>>> lawon bodas, terus ditalian make pita beureum. terus bungkusan eta
>>> diasupkeun kana dus. dusna dilakban, terus dus eta diasupkeun kana peti.
>>> petina digembok. terus peti eta diasupkeun kana 'Armored Vehicle', anti
>>> peluru jeung ledakan bom. terus dikirimna dikawal ku BM. pokonamah aman
>>> we lah.
>>>
>>> nu matak lamun urang muka website bank atwa sakola, atawa naon wae anu
>>> osok merlukeun data pribadi jeung penting, alamat mimitina sok make
>>> https.
>>>
>>> *** sakieu heula.
>>>
>>> nambah:
>>> kaamanan lalulintas data di internet memang teu cukup ku ngandelkeun
>>> https hungkul, sabab https oge loba celah kakuranganna. Ke kahareup
>>> urang bahas deui hal sejen anu aya pakaitna jeung keamanan.
>>>
>>> --
>>> Sent NOT from my BlackBerry®
>>> powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
>>> ***Gue gak punya blackberry, puas?!
>>>
>>>
>>
>  
>

Kirim email ke