Geuning, http://www.klikbca.com teu make  s

Aman keneh kantor kuring atuh batan BCA,  https://owa.caprock.com

Emod,

On Tue, Mar 3, 2009 at 1:54 PM, Irpan rispandi <[email protected]>wrote:

>   ...bisi aya cakcak bodas.
> (ngomongna bari ngaharewos tea he..he...he..)
>
> Baraya,
> kadang kadang urang jarang merhatikeun alamat hiji website.
> eta anu http://www.semurjengkol.com tea geuningan.
>
> tah lamun urang muka website umum, boh berita, forum ngawangkong, dsb,
> biasanamah alamatna teh dimimitian ku "http" (teu make curek).
> tapi lamun urang muka website bank, atawa sakola/universitas, alamatna
> biasana https.
>
> naon bedana?
> bedana nyaeta ..... "bisi aya cakcak bodas" (ngaharewos)
>
> Baraya,
> geus lumrah jeung umum lamun website-website jaman kiwari, tina segi
> penampilan jeung eusi geus alus jeung dinamis. Eusina teu malulu
> informasi standar jeung EDED (eta deui eta deui). Website jaman ayeuna
> leuwih interaktif, dina harti, jalma anu muka website bisa berinteraksi
> jeung website eta, boh daftar jadi anggota, ngeusian formulir, samalah
> bisa ngirim duit ka batur.
>
> conto:
> urang muka website http://www.semurjengkol.com, anu ngajual semur
> jengkol, tuluy urang order 100 porsi keur duaaneun, urang kari milih
> (contreng no 2009) sakahayang urang, terus oge nangtukeun cara mayarna,
> ngeusian informasi diri urang (alamat pengiriman, dsb), karek OK.
>
> Sanggeus urang ngeusian tektek bengek formulir di website semurjengkol,
> mangka eta data-data anu kuurang dieusikeun teh dikirimkeun, ti komputer
> urang ka komputerna warung semurjengkol. Tah didieu tempat nyamunina
> 'Cakcak Bodas' teh, nyaeta ditengah jalan antara komputer urang jeung
> komputer warung semurjengkol.
>
> masih mending lamun data/informasi anu ku urang dieusikeun jeung dikirim
> ka semurjengkol teh ngan ukur jumlah porsi anu 100 tea ditambah ku
> alamat kos-kosan di gang Belekok no 13. dina kadengena oge ku 'Cakcak
> Bodas', data-data kitu mah teu pati penting.
>
> kumaha lamun anu ku urang di kirim teh data-data penting, misalna nomer
> rekening bank, nomer kartu kredit, jsb.
> kan bahaya.
>
> tah didieu gunana http jeung https tea teh.
> lamun alamat website mimitina http, maka sakabeh data anu dikirim ti
> komputer urang ka komputer website, jeung sabalikna, eta data teh
> buligir teu dibungkusan. Atuh ngaran-ngaran buligir, tangtu katingali
> sakabehna, anu panjang nu pondok, nu denok nu betekok, kabeh kaciri.
> sahingga si 'cakcak bodas' bisa oge meunangkeun informasi anu dikirimkeun.
>
> tapi lamun anu https, maka data-data tea teh dibungkusan, mimiti ku
> lawon bodas, terus ditalian make pita beureum. terus bungkusan eta
> diasupkeun kana dus. dusna dilakban, terus dus eta diasupkeun kana peti.
> petina digembok. terus peti eta diasupkeun kana 'Armored Vehicle', anti
> peluru jeung ledakan bom. terus dikirimna dikawal ku BM. pokonamah aman
> we lah.
>
> nu matak lamun urang muka website bank atwa sakola, atawa naon wae anu
> osok merlukeun data pribadi jeung penting, alamat mimitina sok make https.
>
> *** sakieu heula.
>
> nambah:
> kaamanan lalulintas data di internet memang teu cukup ku ngandelkeun
> https hungkul, sabab https oge loba celah kakuranganna. Ke kahareup
> urang bahas deui hal sejen anu aya pakaitna jeung keamanan.
>
> --
> Sent NOT from my BlackBerry®
> powered NOT by Sinyal Kuat INDOSAT/XL/whatever
> ***Gue gak punya blackberry, puas?!
>
>  
>

Kirim email ke