Ngabajak sarua jeung maok... -Bohay-
2009/4/3 tantan hermansah <[email protected]> > bah, film bajakan mah beda eusina geura. > Anu kuring mah meunang metik ti indowebster.com > > Baktos > Tantan > > 2009/4/2 waluya2006 <[email protected]> > >> > irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote: >> > aya deui anu matak kataji tina ieu filem teh, nyaeta omongan Jamal >> > anu : >> > "Jika bukan karena Allah dan Rama, tentu aku masih mempunyai ibu". >> >> Kang Irpan, sabenerna aya dua Pelem nu settingna budaya India, sarua >> dijieun ku sutradara Inggris, dua-duana jadi Pelem nu meunang Oscar. Nu >> kahiji Pelem "Gandhi", nu kadua Pelem "Slumdog Milonare" ieu. Di dua pelem >> ieu, perkara paseana "Hindu jeung Islam" tetep mucunghul. >> >> Mahatma Gandhi, hiji tokoh dunya, nu nyebarkeun faham "anti kekerasan" ka >> sakuliah Dunya, akhirna maot ditembak Hindhu fanatik, kulantaran Gandhi >> melaan urang Islam nu ditandasa ku urang Hindhu. Ceuk Gandhi, kuring urang >> HIndhu, tapi di kuil kuring maca Al Qur'an. Aya adegan dina pelem Gandhi nu >> kuring inget keneh tepi ka ayeuna, moal poho-poho. >> >> Di hiji kota (lamun teu salah Bombay, Mumbay ayeuna) aya karusuhan gede, >> urang Islam silih paehan jeung urang Hindhu. Pamarentah India, nu anyar >> keneh meunang kakawasaan ti Inggris, kawalahan. Gandhi hayang ngeureunkeun >> karusuhan ieu, ku jalan PUASA tepika karusuhan eta eureun. Puasana nya >> ditempat karusuhan eta. >> >> Bari ngagoler di pasarean, Gandhi puasa ngan ukur nginum. Keur kitu aya >> urang Hindhu bari ngamang-ngamang bedog, ngambek ka Gandhi. Terus dialog >> jeung Gandhi nu kira-kira kieu (Gandhi disebut Babu ku urang India). >> >> "Babu, eureunkeun puasa teh, kuring moal eureun maehan urang Islam, anak >> kuring dipaehan ku maranehna", ceuk urang Hindu teh. >> >> "Euh arek balas dendam, aya carana atuh", ceuk Gandhi leuleuy >> >> "Carana kumaha?!", cenah bari nyentak. >> >> "Teangan budak urang Islam nu geus maot indung bapana!" >> >> "Terus?" >> >> "Piara ku anjeun, jeung didik budak eta teh jadi jalma Muslim!" >> >> Guprak bedog si Urang Hindhu murag, manehna ngarampohpoy diuk andiprek, >> nyuuh ka Gandhi bari ceurik ... (Waktu nempo adegan eta, terus terang kuring >> ngilu nyusut cimata). >> >> Gandhi, manusa luar biasa hanjakal anjeunna gagal, tetep teu bisa >> ngadamaikeun Hindhu jeung Islam, buktina adegan pasea Hindu vs Islam, masih >> mucunghul dina pelem "Slumdog" ....... >> >> Baktosna, >> WALUYA >> >> > > > -- > tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan > I Bogor > > >

