Kang Bohay,
hiji mangsa babaturan kuring kacilakaan tina motor. jempol suku anu katuhu ngaplek. ceuk dokter moal bisa disambungkeun deui. sanajan dipaksakeun disambung oge, moal nyambung kalahka buruk, anu ahirna infeksi. dina kaayaan kitu, daek teu daek eta jempol suku dikorbankeun, sabab lamun dipertahankeun oge kalahka ngaruksak kana bagian awak anu sejen.

Restoran luar negri, make hayam jeung pagawe dalam negri.
misalna itung-itungan sederhanana kieu:
- menu restoran saporsi hargana 10.000,-. tah anu sapuluh rebu tea, 2000 keur mayar gajih karyawan, 2000 keur meuli hayam. 1000 keur pajak. anu 5000 disetorkeun ka luar negri.

lamun bangsa indonesia boga emas, kai, minyak bumi, batu bara, jrrd, kabehanana hargana 1.000.000 eun, misalna.

Terus eta anu sajuta teh dipake balanja di restoran luar negri tea nepi ka beak. berarti 200.000 balik deui ka bangsa urang, mangrupa gajih karyawan. 200.000 balik deui ka peternak, 100.000 balik deui ka nagara mangrupa pajak. tapi anu 500.000,- jadi milik luar negri.

tah sanggeus anu 1.000.000 tea beak, berarti bangsa indonesia kari boga duit 500.000,-. kabutuhan beuteung tetep jalan, berarti urang balanja deui ka restoran luar negri tea, nepi ka beak anu lima ratus rebu teh.

sanggeus 500.000 beak, engke bangsa indonesia kari boga duit 250.000,-, dibalanjakeun deui ka restoran luar negri, kari 125.000, jeung saterusna nepi ka beak pisan.

nah lo....
geus teu boga duit rek kumaha?





Reka "Bohay" wrote:


Hayang ngilu ngobrol... :D

Kadang butuh euy tempat dahar jiga Mek Di teh, atawa fast food sejenna.
Contona kamari keur di Bali, kuring rada hese neangan kadaharan anu halal.
Nya daripada hariwang, asup weh ka Mek Di, soalna geus aya standar halal.

Oge di jabar jeung jakarta, supplier daging hayam jang ka Mek Di teh pasantren nu boga usaha di widang peternakan. Bareto mah supplierna teh di daerah cihaurbeuti Tasik, teuing naon ngaran pasantrenna.

Si Mek Di sanggup mere harga "premium" ka peternak.

-Bohay-

2009/4/20 mh <[email protected] <mailto:[email protected]>>



    ieu pangalaman pribadi nya.
    terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok jadi
    pilihan teh,
    warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna?
    kusabab hargana
    warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog. beda
    misalna upama
    di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog, hargana
    ampun pisan.
    ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja, oge
    surabaya.
    (mh)

    2009/4/20 waluya2006 <[email protected]
    <mailto:waluya2006%40yahoo.co.id>>:


    >> Kang Iman <firman.raha...@...> wrote:
    >> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
    >> geus baleunghar kitu ?
    >
    > Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala amrik
    atawa ala sunda oge. Restoran tradisional (baca: Sunda) ayeuna
    konsumenna kelas menengah, jadi hargana ge lumayan mahal. Di
    Bandung aya resto-resto Sunda nu jadi tempat bergengsi, jauh
    ngaleuwihan resto-resto warabala Amrik nu konsumenna rata-rata
    budak leutik atawa ABG ...
    >
    > Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di jakarta.
    Urang Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi goreng nu
    didorong-dorong ....
    >
    > Baktosna,
    > WALUYA
    >
    >
    >
    > ------------------------------------




Kirim email ke