Sakumaha biasa, poe senen isuk2 kuring miang ti Jatinangor ka Jakarta.
Sakumaha biasa oge, kuring naek Primajasa jurusan Lebak Bulus, pituruneun di
Pasar Rebo. Aya oge sabenerna mah nu ka Cililitan (pul Primajasa), ngan teu
apal sabaraha loba armadana, bisi lila teuing nungguan. Pas blus kana beus
ti panto tukang, katempo di jero geus arang korsi kosong, nya buru2 we
kuring teh ngeusi jok di bagian udud binti smoking area, daripada teu
kabagean pisan mah der kudu diuk dina balkon.

Mimiti mah taya nu aheng, semua berjalan lancar. Sanggeus ngaliwatan lawang
Padalarang Barat, aya panumpang pindah ka tukang, silih isaratan jeung
kondektur anu aya di hareup. Terus eta panumpang teh rumpu-rampa ka erak
luhureun sirah, gap kana botol aqua kosong. Geus kitu, manehna 'ngajuru'
lebah panto, hareupeun para panumpang di smoking area. Teg bae, nu teu
kaampeuh hayang kiih... Bedul teh!

Nepi ka Pasar Rebo kuring turun, disambung ku beus Tanah Abang warisan
Jepang nu ngaliwatan Salemba. Baheula mah basa anyar datang, da eta beus teh
weuteuh. Ase hirup keneh, bel aya, panto sorolok listrik, lengkep jeung
tulisan2 Jepangna. Ayeuna nu ditaekan geus euweuh pantoan, korsi saroeh &
laledok. Ni asa jadi bangsa pangbodona we aing mah... Kuring ambil posisi
pangtukangna, dua awewe opat lalaki. Jajaran hareupeun aya awewean, lumayan
tamba sareukseuk tetempoan. Kahalangan sajajar aya awewe diuk mawa budak SD
awewe nu nangtung dina korsi. Memeh Kampung Melayu, budak nu nangtung tea
kareret bajuna nyingsat nepi ka bujurna katempo, cangcutna diasrodkeun ku
indungna. "Na nanaonan eta budak..?" ceuk gerentes teh, bari terus
nempokeun. Barang alak-ilik ka lebah suku indungna, beuh... baseuh... Bedul
teh! Memang Hari yang Aneh...

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke