hahaha, cobaan geura survey sewang-sewangan, make timer. sabaraha jam sakali kira-kira urang sarerea perlu ka wc. engke data statistikna diolah ku teh roro. terus toong waktu tempuh primajasa ti jakarta ka bandung sabaraha jam kira-kirana nya. hasilna rekomendasikeun ka primajasa. hahaha. (mh)
2009/7/14 Roro Rohmah <[email protected]>: > > > Benten ari kaum akademisi mah ngabahasna teh “kajian & informasi” wae. > Kumaha pami salian ti karcis dibagikeun oge angket perkawis kahamvangan plus > kaabotan? Janten tiasa diemutan ku pihak Primajasa. Jalan kaluarna, kanggo > nu sok kahamvangan tiasa nganggo diapers, nu sok kaabotan disayogikeun batu > kanggo dicepengan sajajalan dugi ka mendakan tempat istirahat (kacipta > tipepereket nahan meureun…) tapi da ari nu namina “panggero alam” mah teu > tiasa diengke-engke.. heheh. > > ro2 > >>>> [email protected] 07/14/09 07:27AM >>> > jigana ieu bahan informasi nu hade keur pihak primajasa, > tetela yen ngudag tepat waktu aya ekes lain pikeun penumpang, > beus jadi wc berjalan. > jigana hade upama paling henteu beus bisa euereun sakali di tempat > istirahat. atawa perlu kajian heula, sabaraha jam kira-kira jelema > bisa tahan teu kiih. > (mh) > > >

