emh...aya ku kituna urang indonesia nya...:-?
kuring ge pernah ngalaman nu model kitu ngan rada pulgar ieu mah.
kieu caritana. Sawatara taun kaliwat, harita bulan puasa, kuring jeung 
babaturan ulin ngabuburit ka alun2 bandung rek meuli topi. Ari inditna mah teu 
aya kajadian nanaon. Balik ti alun2 kuring tumpak damri, mimitina teu aya 
kajadian nanaon tepi ka bunderan bypass pal tilu. Harita beus damri nu pinuh ku 
jalma teh ngadadak rame ku jeritan hiji wanoja,"...goblog...kurang ajar...!" 
sareret ka tingali aya nu ngagajleng tina damri nu harita keur maju laun da rek 
aya nu turun. Ngadenge aya wanoja ngajerit kitu tuluy ditaros eta wanoja teh ku 
panumpang nu lian kaasup supir ge ngiluan naros da kabeneran kajadianna 
tukangeun supir pisan."Aya naon neng?" ceuk supir teh, si eneng ngwaler,"ini pa 
kurang ajar...orang tadi...ih jijik..." ceuk si eneng bari ngabirigidig, si 
horeng jalma nu ngagajleng tadi teh salila dina jero damri cicing ditukangeun 
si eneng, ku sabab damri teh padedet pisan antukna adek we antara eta jalma 
jeung imbitna si eneng, meureun ngarasa kangeunahan, "si ujang"na teh motah da 
kadedet tea ka imbit si eneng, geus teu kuat geuwat di kaluarkeun tah si ujang 
teh, ari si eneng nu geus mimiti curiga pananganna ngarampa ka tukang, barang 
gap teh, karagap aya nu geunyal2 kereng adek kana imbitna, atuh koceak si eneng 
teh ngoceak bari nyarekan. Ngadenge carita eta wanoja, kuring, supir jeung 
panumpang nu lian bati serengeh we...aya2 wae eta jalma. Kitu tah carita kuring 
mah. Ka para wanoja, cing ati2 ari di tempat umum teh, angge anggean anu 
merenah tur sopan anu teu ngondang syahwat. Cag ah...
--- In [email protected], Aa Ican <ia.ad...@...> wrote:
>
> Sakumaha biasa, poe senen isuk2 kuring miang ti Jatinangor ka Jakarta.
> Sakumaha biasa oge, kuring naek Primajasa jurusan Lebak Bulus, pituruneun di
> Pasar Rebo. Aya oge sabenerna mah nu ka Cililitan (pul Primajasa), ngan teu
> apal sabaraha loba armadana, bisi lila teuing nungguan. Pas blus kana beus
> ti panto tukang, katempo di jero geus arang korsi kosong, nya buru2 we
> kuring teh ngeusi jok di bagian udud binti smoking area, daripada teu
> kabagean pisan mah der kudu diuk dina balkon.
> 
> Mimiti mah taya nu aheng, semua berjalan lancar. Sanggeus ngaliwatan lawang
> Padalarang Barat, aya panumpang pindah ka tukang, silih isaratan jeung
> kondektur anu aya di hareup. Terus eta panumpang teh rumpu-rampa ka erak
> luhureun sirah, gap kana botol aqua kosong. Geus kitu, manehna 'ngajuru'
> lebah panto, hareupeun para panumpang di smoking area. Teg bae, nu teu
> kaampeuh hayang kiih... Bedul teh!
> 
> Nepi ka Pasar Rebo kuring turun, disambung ku beus Tanah Abang warisan
> Jepang nu ngaliwatan Salemba. Baheula mah basa anyar datang, da eta beus teh
> weuteuh. Ase hirup keneh, bel aya, panto sorolok listrik, lengkep jeung
> tulisan2 Jepangna. Ayeuna nu ditaekan geus euweuh pantoan, korsi saroeh &
> laledok. Ni asa jadi bangsa pangbodona we aing mah... Kuring ambil posisi
> pangtukangna, dua awewe opat lalaki. Jajaran hareupeun aya awewean, lumayan
> tamba sareukseuk tetempoan. Kahalangan sajajar aya awewe diuk mawa budak SD
> awewe nu nangtung dina korsi. Memeh Kampung Melayu, budak nu nangtung tea
> kareret bajuna nyingsat nepi ka bujurna katempo, cangcutna diasrodkeun ku
> indungna. "Na nanaonan eta budak..?" ceuk gerentes teh, bari terus
> nempokeun. Barang alak-ilik ka lebah suku indungna, beuh... baseuh... Bedul
> teh! Memang Hari yang Aneh...
> 
> -- 
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
>


Kirim email ke