Wayahna Kang Kumiw, numatak numawi mun rek miang ka Jakarta teh menta heula 
sabangsaning jangjawokan ka Ki Ihan asana mah baturna Jang Endudh ta teh*(bari 
luak-lieuk* kamana nya?)* 
 
ngiring bingah, eh ngiring ngeunah...(seuri, bodor tuda)...hehehe...
punten ah,
ro2

>>> [email protected] 07/13/09 03:59PM >>>


Nepi ka Pasar Rebo kuring turun, disambung ku beus Tanah Abang warisan Jepang 
nu ngaliwatan Salemba. Baheula mah basa anyar datang, da eta beus teh weuteuh. 
Ase hirup keneh, bel aya, panto sorolok listrik, lengkep jeung tulisan2 
Jepangna. Ayeuna nu ditaekan geus euweuh pantoan, korsi saroeh & laledok. Ni 
asa jadi bangsa pangbodona we aing mah... Kuring ambil posisi pangtukangna, dua 
awewe opat lalaki. Jajaran hareupeun aya awewean, lumayan tamba sareukseuk 
tetempoan. Kahalangan sajajar aya awewe diuk mawa budak SD awewe nu nangtung 
dina korsi. Memeh Kampung Melayu, budak nu nangtung tea kareret bajuna nyingsat 
nepi ka bujurna katempo, cangcutna diasrodkeun ku indungna. "Na nanaonan eta 
budak..?" ceuk gerentes teh, bari terus nempokeun. Barang alak-ilik ka lebah 
suku indungna, beuh... baseuh... Bedul teh! Memang Hari yang Aneh...

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke