jigana ieu bahan informasi nu hade keur pihak primajasa,
tetela yen ngudag tepat waktu aya ekes lain pikeun penumpang,
beus jadi wc berjalan.
jigana hade upama paling henteu beus bisa euereun sakali di tempat
istirahat. atawa perlu kajian heula, sabaraha jam kira-kira jelema
bisa tahan teu kiih.
(mh)

2009/7/14 H Surtiwa <[email protected]>:
>
>
> Mangkana nyandak Norit kamana wae urang nyaba..bisi urang kawiwirangan...
>
> 2009/7/13 Harie Hardiansyah <[email protected]>
>>
>>
>> Ngimpen naon tadi wengi atuh kang....!!! masih untung Akang mah mung
>> ningal nu baseuh wungkul. Sababaraha poe katukang, di hiji shelter Busway,
>> puluhan panumpangna kalabur. Soalna aya hiji Ibu-Ibu nu geus teu tahan
>> hayang ngebom, kapiciritan  di jero Busway. Untung weh geus nyampe shelter,
>> mun ditengah jalan kabayang atuh, apan Busway mah make AC, aya bahan
>> paringsan panumpangna.
>>
>>
>> ________________________________
>> From: Aa Ican <[email protected]>
>> To: Kusnet <[email protected]>
>> Sent: Monday, July 13, 2009 3:59:37 PM
>> Subject: [Urang Sunda] Hariyang Aneh
>>
>> Sakumaha biasa, poe senen isuk2 kuring miang ti Jatinangor ka Jakarta.
>> Sakumaha biasa oge, kuring naek Primajasa jurusan Lebak Bulus, pituruneun di
>> Pasar Rebo. Aya oge sabenerna mah nu ka Cililitan (pul Primajasa), ngan teu
>> apal sabaraha loba armadana, bisi lila teuing nungguan. Pas blus kana beus
>> ti panto tukang, katempo di jero geus arang korsi kosong, nya buru2 we
>> kuring teh ngeusi jok di bagian udud binti smoking area, daripada teu
>> kabagean pisan mah der kudu diuk dina balkon.
>>
>> Mimiti mah taya nu aheng, semua berjalan lancar. Sanggeus ngaliwatan
>> lawang Padalarang Barat, aya panumpang pindah ka tukang, silih isaratan
>> jeung kondektur anu aya di hareup. Terus eta panumpang teh rumpu-rampa ka
>> erak luhureun sirah, gap kana botol aqua kosong. Geus kitu, manehna
>> 'ngajuru' lebah panto, hareupeun para panumpang di smoking area. Teg bae, nu
>> teu kaampeuh hayang kiih... Bedul teh!
>>
>> Nepi ka Pasar Rebo kuring turun, disambung ku beus Tanah Abang warisan
>> Jepang nu ngaliwatan Salemba. Baheula mah basa anyar datang, da eta beus teh
>> weuteuh. Ase hirup keneh, bel aya, panto sorolok listrik, lengkep jeung
>> tulisan2 Jepangna. Ayeuna nu ditaekan geus euweuh pantoan, korsi saroeh &
>> laledok. Ni asa jadi bangsa pangbodona we aing mah... Kuring ambil posisi
>> pangtukangna, dua awewe opat lalaki. Jajaran hareupeun aya awewean, lumayan
>> tamba sareukseuk tetempoan. Kahalangan sajajar aya awewe diuk mawa budak SD
>> awewe nu nangtung dina korsi. Memeh Kampung Melayu, budak nu nangtung tea
>> kareret bajuna nyingsat nepi ka bujurna katempo, cangcutna diasrodkeun ku
>> indungna. "Na nanaonan eta budak..?" ceuk gerentes teh, bari terus
>> nempokeun. Barang alak-ilik ka lebah suku indungna, beuh... baseuh... Bedul
>> teh! Memang Hari yang Aneh...
>>
>> --
>> sikandar
>> kumincir.blogspot. com
>>
>
>
>
> 

Kirim email ke