énténg bangga... énténg tapi bangga... pangalaman saméméhna mah malah leuwih geuyeuh.
harita bulan puasa, di jalan balikkeun ti jakarta. kuring jeung tilu panumpang lianna kabagean diuk dina balkon. wanci magrib buka ukur ku nginum, untung nu gigireun nawaran sampurna keretek. sedooottt... pelenyuuunn... sa-smoking area mulek, rugi mun teu udud teh... teu lila, nu nawaran udud hayang kiih. kurah-koreh dina sela2 jok, manggih botol aqua nu jerona aya tipung bodas teuing nanahaon. kuring bati ngabalieur bae pas ngadengekeun nu ngagolontor teh, tarik sorana bubuhan 'ditembakkeun' kana botol. nu boga hajat reuwaseun ku sorana anu lumayan, tapi leuwih kaget pas nempo jero botolna anu ngadadak ngabudah... anahoreng eta teh botol eusi deterjen paranti nu ngurus beus barangkumbah... heuheu... 2009/7/14 A Gunawan > Tapi ceuk nu ngalamanana mah, atawa mun seug kang Kumi nu ngalaman. > Bakal dipostingna lain make judul Hariyang Aneh, tapi Hariyang Bangga.. > Bangga nahan nu rek bedah... >

