Tina beus ka WC mah dunya kuduna ngaleutikan, Kang De...

Balik deui ka su'al kahampangan, beus Primajasa ti Garut ka Jakarta teh
reureuh dua kali: di Rancaekek (+/- sajam ti Garut) jeung pas abus jalur
Cikampek ti Cipularang (kurang ti sajam satengah ti Cileunyi). Jadi, sing
saha bae anu teu kuat nahan kahampangan dina jangka waktu nu teu lila kitu,
sigana kudu ngamimitian senam kégel! heuheuheu...

2009/7/14 dede solehudin

>   tah gening aya ide anu smart.
> sok atuh di talungktik, sugan we aya mangfaatna.
> eta ngabaca comment teh Roro "tipepereket nyekel batu" meni kabayang eta
> pangalan sorangan waktu ka Bandung. "panggero alam" datang di daerah
> gentong, jaba hujan. Jalan kaluarna nya tipepereket nyekel bujur sugan we
> liangna ngaleutikan.
> nepi ka bandung (di cicaheum) lumpat ka WC nya ......dunya teh asa
> ngalegaan!
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urangsunda.net
su.wikipedia.org

Kirim email ke