> "Roro Rohmah" <roro.roh...@...> wrote: > Biasa Bah, nu makmak-mekmek mah asalna ti nagara "berkembang" (teu > tega nyebat miskin mah) Da urang Amrik mah tos beunghar titadina, > nya asa biasa weee* heuheu*
Teh Ro2, kuring kungsi ngagawekeun pagawean nu deukeut2 kana lingkungan. Nu hiji proyek ti pausahaan nu sahamna sabagian boga Asing nu hiji deui proyek boga pausahaan lokal (BUMN). Pas ngumpulkeun data ( peta, hasil pangukuran2) nu geus dilakukeun samemehna, jauh pisan bedana. Ari pausahaan nu sabagian sahamna boga asing mah, arsip data teh kumplit pisan. Malah ti saprakna diadegkeun di taun 1970an (tempat eta ayeuna jadi kota). Aya nu geus disalin jadi softcopy (digital). Atuh dina ngagawekeun jeung nyieun kacindekan, gampang jeung akurat, kudu kitu jeung kudu kieuna teh. Beda jeung nu BUMN, aduh ... matak ngesang da puguh data samemehna teh teu aya, duka kamarana. Lamun ditanyakeun euweuh nu apal, malah patuduh-tuduh, atawa jawabna cukup ku kakara dipindahkeun kadinya, jadi teu apal. Tuntungna pagawean teh jadi ukur saayana. Moal dibejakeun pausahaanana mah, ke kuring moal meunang proyek deui ...hahahaha Baktos, WALUYA

