Leres pisan bah, jaman abdi oge mulasara arsip teh janten emutan, kalebet abdi
nyalira,asa tos diatur rapih,disusun ambeh gampil dipilari,aya daftarna
sagala,naha ari bade diperyogikeun bet ngadadak teu kapendak, ari keur henteu
dipeyogikeun,ngadadak mucunghul,nya kumargi henteu disiplin, arsip sanes anu
pribadi,nu sanes tiasa nganggo,henteu disimpeun dina tempatna deui. Tapi ayeuna
masih seueur nu kitu mah, ku teungteuingeun,komputer tos caranggih, tos
ngadominasi,software data base aplikasi pabalatak, barudak ayeuna
palalinter,komputer tos janten katuangan sadidinten ,piraku weh. Panginten eta
mah, bumn-na masih lelengkah halu, komputer canggih mung dianggo ngetik, kali
bagi jumlah kirang, teu acan kwalitas dunya. Heureuy ketang bah, gumantung kana
kabijaksanaan pausahaan jeung kualitas sdm-na.
Kumaha bah, ari kiwari upami milari data ka pemda, masih aya diskriminasi, ari
kabangsa sorangan mah,di sumput2keun,ari ka urang asing ceuk paribasana
di-asong2keun ?.
Kitu oge ku nagara sorangan, standar upah ti bapenas antara konsultan/tanaga
patriet & ex-patriet dibedakeun,bedana ge jeung teu kira2 deui gedena,naha
ayeuna tos disamikeun?
Pangalaman abdi, teu sadayana tanaga asing punjul, utamana mun make
konsultan/pausahaan ti nagara donor,bisa kabelejog, lantaran aya anu akal2an
keur ngurangan pangangguran di nagarana,nu kitu mah tajong weh meta diganti.
Ah punten, janten papanjangan jeung pabulieut teu puguh.
Gagak Hideung
To: [email protected]
From: [email protected]
Date: Wed, 12 Aug 2009 09:58:17 +0000
Subject: [Urang Sunda] Re: Densus 88
> "Roro Rohmah" <roro.roh...@...> wrote:
> Biasa Bah, nu makmak-mekmek mah asalna ti nagara "berkembang" (teu
> tega nyebat miskin mah) Da urang Amrik mah tos beunghar titadina,
> nya asa biasa weee* heuheu*
Teh Ro2, kuring kungsi ngagawekeun pagawean nu deukeut2 kana lingkungan. Nu
hiji proyek ti pausahaan nu sahamna sabagian boga Asing nu hiji deui proyek
boga pausahaan lokal (BUMN). Pas ngumpulkeun data ( peta, hasil pangukuran2) nu
geus dilakukeun samemehna, jauh pisan bedana. Ari pausahaan nu sabagian sahamna
boga asing mah, arsip data teh kumplit pisan. Malah ti saprakna diadegkeun di
taun 1970an (tempat eta ayeuna jadi kota). Aya nu geus disalin jadi softcopy
(digital). Atuh dina ngagawekeun jeung nyieun kacindekan, gampang jeung akurat,
kudu kitu jeung kudu kieuna teh.
Beda jeung nu BUMN, aduh ... matak ngesang da puguh data samemehna teh teu aya,
duka kamarana. Lamun ditanyakeun euweuh nu apal, malah patuduh-tuduh, atawa
jawabna cukup ku kakara dipindahkeun kadinya, jadi teu apal. Tuntungna pagawean
teh jadi ukur saayana.
Moal dibejakeun pausahaanana mah, ke kuring moal meunang proyek deui ...hahahaha
Baktos,
WALUYA
_________________________________________________________________
With Windows Live, you can organize, edit, and share your photos.
http://www.microsoft.com/indonesia/windows/windowslive/products/photo-gallery-edit.aspx