Leres pisan Kang W, malah mun ditaros data "baheula" teh biasana jawabna
standar " Aduh jelema anu ngagawekeunnana enggeus eureun pangsiun, ke rek
ditaroskeun heula, sugan tiasa dikontak sareng emuteun keneh"

On 8/12/09, waluya2006 <[email protected]> wrote:
>
>
>
> > "Roro Rohmah" <roro.roh...@...> wrote:
> > Biasa Bah, nu makmak-mekmek mah asalna ti nagara "berkembang" (teu
> > tega nyebat miskin mah) Da urang Amrik mah tos beunghar titadina,
> > nya asa biasa weee* heuheu*
>
> Teh Ro2, kuring kungsi ngagawekeun pagawean nu deukeut2 kana lingkungan. Nu
> hiji proyek ti pausahaan nu sahamna sabagian boga Asing nu hiji deui proyek
> boga pausahaan lokal (BUMN). Pas ngumpulkeun data ( peta, hasil pangukuran2)
> nu geus dilakukeun samemehna, jauh pisan bedana. Ari pausahaan nu sabagian
> sahamna boga asing mah, arsip data teh kumplit pisan. Malah ti saprakna
> diadegkeun di taun 1970an (tempat eta ayeuna jadi kota). Aya nu geus disalin
> jadi softcopy (digital). Atuh dina ngagawekeun jeung nyieun kacindekan,
> gampang jeung akurat, kudu kitu jeung kudu kieuna teh.
>
> Beda jeung nu BUMN, aduh ... matak ngesang da puguh data samemehna teh teu
> aya, duka kamarana. Lamun ditanyakeun euweuh nu apal, malah patuduh-tuduh,
> atawa jawabna cukup ku kakara dipindahkeun kadinya, jadi teu apal. Tuntungna
> pagawean teh jadi ukur saayana.
>
> Moal dibejakeun pausahaanana mah, ke kuring moal meunang proyek deui
> ...hahahaha
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke