Ayeuna oge tos aya Patriet anu tos langkung ahli ti Expatriet, kumaha widangna wae. Di pasihan conto aya urang Amrik ahli pengeboran minyak/gas kerja kantor Gajihna $ 8000/bulan plus tunjangan $ 200/poe, janten $ 14,000/sasih kotor. Tapi aya urang Indo bolongkotan asal Kampung gajihna $ 900/poe all in alias $ 22,500/sasih kotor.
On 8/13/09, gagak hideung <[email protected]> wrote: > > > > Mudah2an kapayun, expatriet & patriet kwalitas sami, nampi gaji dasar sami > minimal henteu ageung bentenna,kumargi manehna oge aya dina kahirupan di > negeri urang. Pangharepan abdi, mugia akang sareng sing saha bae anu gaduh > kasempetan ngalaksanakeun hal ieu, tiasa ngangge samaksimal mungkin > tanagi ahli urang nyalira,ngirangan tanagi asing,abdi yakin tanagi urang oge > tiasa dipercanten, khususna tanagi ahli us. Panginten moal seueur teuing > biaya Unak anikna .... > Ngiring bingah upami tanagi urang didamel diluar nagreg, disamikeun gajihna > sareng tanagi expatriet nagara sanesna. > Hapunten, hatur nuhun. > > ------------------------------ > To: [email protected] > From: [email protected] > Date: Thu, 13 Aug 2009 07:14:28 +0700 > Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Densus 88 > > Kaleresan abdi praktiukan dina ngagunakeun tanaga expatriatemah..soal > gajihma aya "struktur standar" na kanggo kwalitas anu sami. Kunaon ari expat > beda, kumargi strukturna beda. Biasana Point of Origin. Ahli widang A asal > Jakarta sareng ahli bidang A asal New York beda "gajih' na. Can kalebet unak > anikna housing, travel cuti ,jst. Kitu deui muan urang damel di luar Nagreg, > urang oge pan janten Expat... > > On 8/12/09, *gagak hideung* <[email protected]> wrote: > > > > Leres pisan bah, jaman abdi oge mulasara arsip teh janten emutan, kalebet > abdi nyalira,asa tos diatur rapih,disusun ambeh gampil dipilari,aya daftarna > sagala,naha ari bade diperyogikeun bet ngadadak teu kapendak, ari keur > henteu dipeyogikeun,ngadadak mucunghul,nya kumargi henteu disiplin, arsip > sanes anu pribadi,nu sanes tiasa nganggo,henteu disimpeun dina tempatna > deui. Tapi ayeuna masih seueur nu kitu mah, ku teungteuingeun,komputer tos > caranggih, tos ngadominasi,software data base aplikasi pabalatak, barudak > ayeuna palalinter,komputer tos janten katuangan sadidinten ,piraku weh. > Panginten eta mah, bumn-na masih lelengkah halu, komputer canggih mung > dianggo ngetik, kali bagi jumlah kirang, teu acan kwalitas dunya. Heureuy > ketang bah, gumantung kana kabijaksanaan pausahaan jeung kualitas sdm-na. > Kumaha bah, ari kiwari upami milari data ka pemda, masih aya diskriminasi, > ari kabangsa sorangan mah,di sumput2keun,ari ka urang asing ceuk > paribasana di-asong2keun ?. > Kitu oge ku nagara sorangan, standar upah ti bapenas antara > konsultan/tanaga patriet & ex-patriet dibedakeun,bedana ge jeung teu kira2 > deui gedena,naha ayeuna tos disamikeun? > Pangalaman abdi, teu sadayana tanaga asing punjul, utamana mun make > konsultan/pausahaan ti nagara donor,bisa kabelejog, lantaran aya anu akal2an > keur ngurangan pangangguran di nagarana,nu kitu mah tajong weh meta diganti. > Ah punten, janten papanjangan jeung pabulieut teu puguh. > > Gagak Hideung > > > > ------------------------------ > To: [email protected] > From: [email protected] > Date: Wed, 12 Aug 2009 09:58:17 +0000 > Subject: [Urang Sunda] Re: Densus 88 > > > "Roro Rohmah" <roro.roh...@...> wrote: > > Biasa Bah, nu makmak-mekmek mah asalna ti nagara "berkembang" (teu > > tega nyebat miskin mah) Da urang Amrik mah tos beunghar titadina, > > nya asa biasa weee* heuheu* > > Teh Ro2, kuring kungsi ngagawekeun pagawean nu deukeut2 kana lingkungan. Nu > hiji proyek ti pausahaan nu sahamna sabagian boga Asing nu hiji deui proyek > boga pausahaan lokal (BUMN). Pas ngumpulkeun data ( peta, hasil pangukuran2) > nu geus dilakukeun samemehna, jauh pisan bedana. Ari pausahaan nu sabagian > sahamna boga asing mah, arsip data teh kumplit pisan. Malah ti saprakna > diadegkeun di taun 1970an (tempat eta ayeuna jadi kota). Aya nu geus disalin > jadi softcopy (digital). Atuh dina ngagawekeun jeung nyieun kacindekan, > gampang jeung akurat, kudu kitu jeung kudu kieuna teh. > > Beda jeung nu BUMN, aduh ... matak ngesang da puguh data samemehna teh teu > aya, duka kamarana. Lamun ditanyakeun euweuh nu apal, malah patuduh-tuduh, > atawa jawabna cukup ku kakara dipindahkeun kadinya, jadi teu apal. Tuntungna > pagawean teh jadi ukur saayana. > > Moal dibejakeun pausahaanana mah, ke kuring moal meunang proyek deui > ...hahahaha > > Baktos, > WALUYA > > > > ------------------------------ > With Windows Live, you can organize, edit, and share your > photos.<http://www.microsoft.com/indonesia/windows/windowslive/products/photo-gallery-edit.aspx> > > > > > ------------------------------ > Buddy is 10! Create a comic strip of your ultimate party and win $1,000! Click > here <http://discover.windowslive.com/en-id/messenger/messengeris10/> > > >

