Mudah2an kapayun, expatriet & patriet kwalitas sami, nampi gaji dasar sami 
minimal henteu ageung bentenna,kumargi manehna oge aya dina kahirupan di negeri 
urang. Pangharepan abdi, mugia akang sareng sing saha bae anu gaduh kasempetan 
ngalaksanakeun hal ieu, tiasa ngangge samaksimal mungkin tanagi ahli urang 
nyalira,ngirangan tanagi asing,abdi yakin tanagi urang oge tiasa dipercanten, 
khususna tanagi ahli us. Panginten moal seueur teuing biaya Unak anikna ....

Ngiring bingah upami tanagi urang didamel diluar nagreg, disamikeun gajihna 
sareng tanagi expatriet nagara sanesna.

Hapunten, hatur nuhun.  
 


To: [email protected]
From: [email protected]
Date: Thu, 13 Aug 2009 07:14:28 +0700
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Densus 88

  



Kaleresan abdi praktiukan dina ngagunakeun tanaga expatriatemah..soal gajihma 
aya "struktur standar" na kanggo kwalitas anu sami. Kunaon ari expat beda, 
kumargi strukturna beda. Biasana Point of Origin. Ahli widang A asal Jakarta 
sareng ahli bidang A asal New York beda "gajih' na. Can kalebet unak anikna 
housing, travel cuti ,jst. Kitu deui muan urang damel di luar Nagreg, urang oge 
pan janten Expat...


On 8/12/09, gagak hideung <[email protected]> wrote:

  



Leres pisan bah, jaman abdi oge mulasara arsip teh janten emutan, kalebet abdi 
nyalira,asa tos diatur rapih,disusun ambeh gampil dipilari,aya daftarna 
sagala,naha ari bade diperyogikeun bet ngadadak teu kapendak, ari keur henteu 
dipeyogikeun,ngadadak mucunghul,nya kumargi henteu disiplin, arsip sanes anu 
pribadi,nu sanes tiasa nganggo,henteu disimpeun dina tempatna deui. Tapi ayeuna 
masih seueur nu kitu mah, ku teungteuingeun,komputer tos caranggih, tos 
ngadominasi,software data base aplikasi pabalatak, barudak ayeuna 
palalinter,komputer tos janten katuangan sadidinten ,piraku weh. Panginten eta 
mah, bumn-na masih lelengkah halu, komputer canggih mung dianggo ngetik, kali 
bagi jumlah kirang, teu acan kwalitas dunya. Heureuy ketang bah, gumantung kana 
kabijaksanaan pausahaan jeung kualitas sdm-na.
Kumaha bah, ari kiwari upami milari data ka pemda, masih aya diskriminasi, ari 
kabangsa sorangan mah,di sumput2keun,ari ka urang asing ceuk paribasana 
di-asong2keun ?.
Kitu oge ku nagara sorangan, standar upah ti bapenas antara konsultan/tanaga 
patriet & ex-patriet dibedakeun,bedana ge jeung teu kira2 deui gedena,naha 
ayeuna tos disamikeun?
Pangalaman abdi, teu sadayana tanaga asing punjul, utamana mun make 
konsultan/pausahaan ti nagara donor,bisa kabelejog, lantaran aya anu akal2an 
keur ngurangan pangangguran di nagarana,nu kitu mah tajong weh meta diganti.
Ah punten, janten papanjangan jeung pabulieut teu puguh.
 
Gagak Hideung    
       
 



To: [email protected]
From: [email protected]
Date: Wed, 12 Aug 2009 09:58:17 +0000
Subject: [Urang Sunda] Re: Densus 88

  


> "Roro Rohmah" <roro.roh...@...> wrote:
> Biasa Bah, nu makmak-mekmek mah asalna ti nagara "berkembang" (teu 
> tega nyebat miskin mah) Da urang Amrik mah tos beunghar titadina, 
> nya asa biasa weee* heuheu*

Teh Ro2, kuring kungsi ngagawekeun pagawean nu deukeut2 kana lingkungan. Nu 
hiji proyek ti pausahaan nu sahamna sabagian boga Asing nu hiji deui proyek 
boga pausahaan lokal (BUMN). Pas ngumpulkeun data ( peta, hasil pangukuran2) nu 
geus dilakukeun samemehna, jauh pisan bedana. Ari pausahaan nu sabagian sahamna 
boga asing mah, arsip data teh kumplit pisan. Malah ti saprakna diadegkeun di 
taun 1970an (tempat eta ayeuna jadi kota). Aya nu geus disalin jadi softcopy 
(digital). Atuh dina ngagawekeun jeung nyieun kacindekan, gampang jeung akurat, 
kudu kitu jeung kudu kieuna teh.

Beda jeung nu BUMN, aduh ... matak ngesang da puguh data samemehna teh teu aya, 
duka kamarana. Lamun ditanyakeun euweuh nu apal, malah patuduh-tuduh, atawa 
jawabna cukup ku kakara dipindahkeun kadinya, jadi teu apal. Tuntungna pagawean 
teh jadi ukur saayana.

Moal dibejakeun pausahaanana mah, ke kuring moal meunang proyek deui ...hahahaha

Baktos,
WALUYA






With Windows Live, you can organize, edit, and share your photos. 












_________________________________________________________________
See all the ways you can stay connected to friends and family
http://www.microsoft.com/windows/windowslive/default.aspx

Kirim email ke