Ngiring bingah,alhamdulillah janten kanyataan. Kamajengan kualitas sdm urang,tangtos bakal ngaronjatkeun hirup urang sadayana.
Amin,hatur nuhun kang kana informasina. To: [email protected] From: [email protected] Date: Fri, 14 Aug 2009 06:58:54 +0700 Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Densus 88 Ayeuna oge tos aya Patriet anu tos langkung ahli ti Expatriet, kumaha widangna wae. Di pasihan conto aya urang Amrik ahli pengeboran minyak/gas kerja kantor Gajihna $ 8000/bulan plus tunjangan $ 200/poe, janten $ 14,000/sasih kotor. Tapi aya urang Indo bolongkotan asal Kampung gajihna $ 900/poe all in alias $ 22,500/sasih kotor. On 8/13/09, gagak hideung <[email protected]> wrote: Mudah2an kapayun, expatriet & patriet kwalitas sami, nampi gaji dasar sami minimal henteu ageung bentenna,kumargi manehna oge aya dina kahirupan di negeri urang. Pangharepan abdi, mugia akang sareng sing saha bae anu gaduh kasempetan ngalaksanakeun hal ieu, tiasa ngangge samaksimal mungkin tanagi ahli urang nyalira,ngirangan tanagi asing,abdi yakin tanagi urang oge tiasa dipercanten, khususna tanagi ahli us. Panginten moal seueur teuing biaya Unak anikna .... Ngiring bingah upami tanagi urang didamel diluar nagreg, disamikeun gajihna sareng tanagi expatriet nagara sanesna. Hapunten, hatur nuhun. To: [email protected] From: [email protected] Date: Thu, 13 Aug 2009 07:14:28 +0700 Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Densus 88 Kaleresan abdi praktiukan dina ngagunakeun tanaga expatriatemah..soal gajihma aya "struktur standar" na kanggo kwalitas anu sami. Kunaon ari expat beda, kumargi strukturna beda. Biasana Point of Origin. Ahli widang A asal Jakarta sareng ahli bidang A asal New York beda "gajih' na. Can kalebet unak anikna housing, travel cuti ,jst. Kitu deui muan urang damel di luar Nagreg, urang oge pan janten Expat... On 8/12/09, gagak hideung <[email protected]> wrote: Leres pisan bah, jaman abdi oge mulasara arsip teh janten emutan, kalebet abdi nyalira,asa tos diatur rapih,disusun ambeh gampil dipilari,aya daftarna sagala,naha ari bade diperyogikeun bet ngadadak teu kapendak, ari keur henteu dipeyogikeun,ngadadak mucunghul,nya kumargi henteu disiplin, arsip sanes anu pribadi,nu sanes tiasa nganggo,henteu disimpeun dina tempatna deui. Tapi ayeuna masih seueur nu kitu mah, ku teungteuingeun,komputer tos caranggih, tos ngadominasi,software data base aplikasi pabalatak, barudak ayeuna palalinter,komputer tos janten katuangan sadidinten ,piraku weh. Panginten eta mah, bumn-na masih lelengkah halu, komputer canggih mung dianggo ngetik, kali bagi jumlah kirang, teu acan kwalitas dunya. Heureuy ketang bah, gumantung kana kabijaksanaan pausahaan jeung kualitas sdm-na. Kumaha bah, ari kiwari upami milari data ka pemda, masih aya diskriminasi, ari kabangsa sorangan mah,di sumput2keun,ari ka urang asing ceuk paribasana di-asong2keun ?. Kitu oge ku nagara sorangan, standar upah ti bapenas antara konsultan/tanaga patriet & ex-patriet dibedakeun,bedana ge jeung teu kira2 deui gedena,naha ayeuna tos disamikeun? Pangalaman abdi, teu sadayana tanaga asing punjul, utamana mun make konsultan/pausahaan ti nagara donor,bisa kabelejog, lantaran aya anu akal2an keur ngurangan pangangguran di nagarana,nu kitu mah tajong weh meta diganti. Ah punten, janten papanjangan jeung pabulieut teu puguh. Gagak Hideung To: [email protected] From: [email protected] Date: Wed, 12 Aug 2009 09:58:17 +0000 Subject: [Urang Sunda] Re: Densus 88 > "Roro Rohmah" <roro.roh...@...> wrote: > Biasa Bah, nu makmak-mekmek mah asalna ti nagara "berkembang" (teu > tega nyebat miskin mah) Da urang Amrik mah tos beunghar titadina, > nya asa biasa weee* heuheu* Teh Ro2, kuring kungsi ngagawekeun pagawean nu deukeut2 kana lingkungan. Nu hiji proyek ti pausahaan nu sahamna sabagian boga Asing nu hiji deui proyek boga pausahaan lokal (BUMN). Pas ngumpulkeun data ( peta, hasil pangukuran2) nu geus dilakukeun samemehna, jauh pisan bedana. Ari pausahaan nu sabagian sahamna boga asing mah, arsip data teh kumplit pisan. Malah ti saprakna diadegkeun di taun 1970an (tempat eta ayeuna jadi kota). Aya nu geus disalin jadi softcopy (digital). Atuh dina ngagawekeun jeung nyieun kacindekan, gampang jeung akurat, kudu kitu jeung kudu kieuna teh. Beda jeung nu BUMN, aduh ... matak ngesang da puguh data samemehna teh teu aya, duka kamarana. Lamun ditanyakeun euweuh nu apal, malah patuduh-tuduh, atawa jawabna cukup ku kakara dipindahkeun kadinya, jadi teu apal. Tuntungna pagawean teh jadi ukur saayana. Moal dibejakeun pausahaanana mah, ke kuring moal meunang proyek deui ...hahahaha Baktos, WALUYA With Windows Live, you can organize, edit, and share your photos. Buddy is 10! Create a comic strip of your ultimate party and win $1,000! Click here _________________________________________________________________ With Windows Live, you can organize, edit, and share your photos. http://www.microsoft.com/indonesia/windows/windowslive/products/photo-gallery-edit.aspx

