Panginten peryogi diemut oge, fatwa-fatwa MUI teh khusus kanggo umat Islam. Tangtos dicindekna fatwa teh tina informasi nu aya dibandingkeun sareng Quran / Sunnah Nabi. MUI oge biasana tara ngaluarkeun fatwa saupami taya nu naroskeun mah. Ngimpleng sudut pandang MUI, lamun aya jalmi nu naroskeun ka aranjeunna perkawis hiji masalah, tangtos peryogi diwaler.
Kenging maca koran sakolebat, MUI banten ngadadasarkeun fatwa debus haram pedah 'kasenian debus teh ayana ngaliwatan bantuan jin'. Dupi perkawis dibantuan ku jin eta teh leres atanapi henteu? Pami lepat, panginten peryogi aya nu masihan terang ka MUI nyalira kumaha-kumahana ari debus teh. Perkawis ngaben di Bali, salami anu ngajalankeunana sanes umat Islam mah abdi yakin MUI moal komentar nanaon. Baktos, Dian. --- In [email protected], engkus ruswana <engkusrusw...@...> wrote: > > Hatur nuhun atuh wartana kang Dian, oge ka MJ, mung kahoyong > mah...kahoyong... MUI teh ulah sok lebt ngatur fatwa nu aya kaitan sareng > budaya lokal, margi tangtos bakal benten paugeranana, margi aya kecap ciri > sabumi cara sadesa tea. Atuh tangtos pami teu pakem ngeremna bakal seueur > nilai-nilai atanapi budaya lokal nu bakal diharamkeun. Contona : ngukus, > larungan, jaipongan, ngawayang, ngaben di Bali, jsb. tiasa bae kapayun bakal > diharamkeun. Bawiraos simkuring mah urus bae diri sorangan, da can tangtu nu > ngaluarkeun fatwa teh tos leres dina ngajalankeun kamanusaanana, kilangbara > dugi kana kaGustianana mah. > > pun tabe nun > > Engkus >

