anu ngagem islam, kudu nurut kana aturan islam. mun teu nurut, disebut wangkelang. anu ngagem sunda, kudu nurut kana aturan sunda. mun teu nurut, disebut wangkelang, henteu nyunda. mun ceuk nu luhung elmu agamana a teh haram alias dipahing, nu saageman bisa nurut bisa henteu. nurut hade, da nurut ka nu boga elmuna. teu nurut nya pek bae, da meureun boga tapsiran sejen. jadi, sual debus mah balik deui ka para palaku debusna (kitu soteh anu muslim, nu henteu mah pek teh teuing kumaha dinya). mun debusna estuning hasil ngelmu ngolah kapinteran, henteu asup kana kategori haram ceuk MUI, bisa lanjut. pikeun nu debusna make sabangsaning sihir nu dibantuan jin jeung bangsa lelembut, teu kudu kasigeung mun disebut haram. mun enya pek nurut, eureunan. biasana anu pangramena mah anu teu mais teu meuleum. nempo debus ge taram-taram, paduli ge hanteu, pas aya nu kararieu sok ngilu gujrud... MUI bangkarwarah lah, naon tea lah... heheh...
aya deuih anu lumpat ka ngaben diharamkeun. tong boro ngaben, daging babi ge halal, salila nu ngadaharna can ngagem islam mah! agama maraneh keur maneh, ageman kami keur kami! mun maneh rek nanyakeun soal ageman kami, sok tanya ka kami masing puguh, ngarah euweuh salah paham. :p

