Pami didieu teh milis MUI kituw?
heuheuheu...
-Bohay-
On Aug 31, 2009, at 12:48 PM, ednugraha wrote:
manawi tiasa cobi diupload ka urangsunda alasan MUI ngaharamkeun
debus teh naon wae nya kang detailna...
manawi..
nuhun.
--- In [email protected], "diantn" <dian.nugr...@...> wrote:
>
> Panginten peryogi diemut oge, fatwa-fatwa MUI teh khusus kanggo
umat Islam. Tangtos dicindekna fatwa teh tina informasi nu aya
dibandingkeun sareng Quran / Sunnah Nabi. MUI oge biasana tara
ngaluarkeun fatwa saupami taya nu naroskeun mah. Ngimpleng sudut
pandang MUI, lamun aya jalmi nu naroskeun ka aranjeunna perkawis
hiji masalah, tangtos peryogi diwaler.
>
> Kenging maca koran sakolebat, MUI banten ngadadasarkeun fatwa
debus haram pedah 'kasenian debus teh ayana ngaliwatan bantuan jin'.
Dupi perkawis dibantuan ku jin eta teh leres atanapi henteu? Pami
lepat, panginten peryogi aya nu masihan terang ka MUI nyalira kumaha-
kumahana ari debus teh.
>
> Perkawis ngaben di Bali, salami anu ngajalankeunana sanes umat
Islam mah abdi yakin MUI moal komentar nanaon.
>
> Baktos,
> Dian.
>
> --- In [email protected], engkus ruswana <engkusruswana@>
wrote:
> >
> > Hatur nuhun atuh wartana kang Dian, oge ka MJ, mung kahoyong
mah...kahoyong... MUI teh ulah sok lebt ngatur fatwa nu aya kaitan
sareng budaya lokal, margi tangtos bakal benten paugeranana, margi
aya kecap ciri sabumi cara sadesa tea. Atuh tangtos pami teu pakem
ngeremna bakal seueur nilai-nilai atanapi budaya lokal nu bakal
diharamkeun. Contona : ngukus, larungan, jaipongan, ngawayang,
ngaben di Bali, jsb. tiasa bae kapayun bakal diharamkeun. Bawiraos
simkuring mah urus bae diri sorangan, da can tangtu nu ngaluarkeun
fatwa teh tos leres dina ngajalankeun kamanusaanana, kilangbara dugi
kana kaGustianana mah.
> >
> > pun tabe nun
> >
> > Engkus
> >
>