Teu nanaon pan asal sagalana Basa Sunda..obyekna mah naon wae...
On 8/31/09, Reka Gayantika <[email protected]> wrote: > > > > Pami didieu teh milis MUI kituw? > heuheuheu... > > -Bohay- > > > On Aug 31, 2009, at 12:48 PM, ednugraha wrote: > > manawi tiasa cobi diupload ka urangsunda alasan MUI ngaharamkeun debus teh > naon wae nya kang detailna... > > manawi.. > > nuhun. > > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "diantn" > <dian.nugr...@...> wrote: > > > > Panginten peryogi diemut oge, fatwa-fatwa MUI teh khusus kanggo umat > Islam. Tangtos dicindekna fatwa teh tina informasi nu aya dibandingkeun > sareng Quran / Sunnah Nabi. MUI oge biasana tara ngaluarkeun fatwa saupami > taya nu naroskeun mah. Ngimpleng sudut pandang MUI, lamun aya jalmi nu > naroskeun ka aranjeunna perkawis hiji masalah, tangtos peryogi diwaler. > > > > Kenging maca koran sakolebat, MUI banten ngadadasarkeun fatwa debus haram > pedah 'kasenian debus teh ayana ngaliwatan bantuan jin'. Dupi perkawis > dibantuan ku jin eta teh leres atanapi henteu? Pami lepat, panginten peryogi > aya nu masihan terang ka MUI nyalira kumaha-kumahana ari debus teh. > > > > Perkawis ngaben di Bali, salami anu ngajalankeunana sanes umat Islam mah > abdi yakin MUI moal komentar nanaon. > > > > Baktos, > > Dian. > > > > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, engkus > ruswana <engkusruswana@> wrote: > > > > > > Hatur nuhun atuh wartana kang Dian, oge ka MJ, mung kahoyong > mah...kahoyong... MUI teh ulah sok lebt ngatur fatwa nu aya kaitan sareng > budaya lokal, margi tangtos bakal benten paugeranana, margi aya kecap ciri > sabumi cara sadesa tea. Atuh tangtos pami teu pakem ngeremna bakal seueur > nilai-nilai atanapi budaya lokal nu bakal diharamkeun. Contona : ngukus, > larungan, jaipongan, ngawayang, ngaben di Bali, jsb. tiasa bae kapayun bakal > diharamkeun. Bawiraos simkuring mah urus bae diri sorangan, da can tangtu nu > ngaluarkeun fatwa teh tos leres dina ngajalankeun kamanusaanana, kilangbara > dugi kana kaGustianana mah. > > > > > > pun tabe nun > > > > > > Engkus > > > > > > > > >

