teu logis ari aturan agama rek ngatur budaya banten.berarti ari kitu mah MUI na nu boga RASA "" ka debus,duka ka debusna atau ka orang-orangna
sok seueur tanda tanya wae nya ??////////// ________________________________ From: ednugraha <[email protected]> To: [email protected] Sent: Monday, August 31, 2009 12:48:36 PM Subject: Re: [Urang Sunda] ajaran kabantenan, nu kumaha? manawi tiasa cobi diupload ka urangsunda alasan MUI ngaharamkeun debus teh naon wae nya kang detailna... manawi.. nuhun. --- In urangsu...@yahoogro ups.com, "diantn" <dian.nugraha@ ...> wrote: > > Panginten peryogi diemut oge, fatwa-fatwa MUI teh khusus kanggo umat Islam. > Tangtos dicindekna fatwa teh tina informasi nu aya dibandingkeun sareng Quran > / Sunnah Nabi. MUI oge biasana tara ngaluarkeun fatwa saupami taya nu > naroskeun mah. Ngimpleng sudut pandang MUI, lamun aya jalmi nu naroskeun ka > aranjeunna perkawis hiji masalah, tangtos peryogi diwaler. > > Kenging maca koran sakolebat, MUI banten ngadadasarkeun fatwa debus haram > pedah 'kasenian debus teh ayana ngaliwatan bantuan jin'. Dupi perkawis > dibantuan ku jin eta teh leres atanapi henteu? Pami lepat, panginten peryogi > aya nu masihan terang ka MUI nyalira kumaha-kumahana ari debus teh. > > Perkawis ngaben di Bali, salami anu ngajalankeunana sanes umat Islam mah abdi > yakin MUI moal komentar nanaon. > > Baktos, > Dian. > > --- In urangsu...@yahoogro ups.com, engkus ruswana <engkusruswana@ > wrote: > > > > Hatur nuhun atuh wartana kang Dian, oge ka MJ, mung kahoyong > > mah...kahoyong. .. MUI teh ulah sok lebt ngatur fatwa nu aya kaitan sareng > > budaya lokal, margi tangtos bakal benten paugeranana, margi aya kecap ciri > > sabumi cara sadesa tea. Atuh tangtos pami teu pakem ngeremna bakal seueur > > nilai-nilai atanapi budaya lokal nu bakal diharamkeun. Contona : ngukus, > > larungan, jaipongan, ngawayang, ngaben di Bali, jsb. tiasa bae kapayun > > bakal diharamkeun. Bawiraos simkuring mah urus bae diri sorangan, da can > > tangtu nu ngaluarkeun fatwa teh tos leres dina ngajalankeun kamanusaanana, > > kilangbara dugi kana kaGustianana mah. > > > > pun tabe nun > > > > Engkus > > >

