enya....
Majelis Urangsunda Indonesia... hihihi...

-nzi-



> Pami didieu teh milis MUI kituw?
> heuheuheu...
>
> -Bohay-
>
>
> On Aug 31, 2009, at 12:48 PM, ednugraha wrote:
>
>> manawi tiasa cobi diupload ka urangsunda alasan MUI ngaharamkeun
>> debus teh naon wae nya kang detailna...
>>
>> manawi..
>>
>> nuhun.
>>
>> --- In [email protected], "diantn" <dian.nugr...@...> wrote:
>> >
>> > Panginten peryogi diemut oge, fatwa-fatwa MUI teh khusus kanggo
>> umat Islam. Tangtos dicindekna fatwa teh tina informasi nu aya
>> dibandingkeun sareng Quran / Sunnah Nabi. MUI oge biasana tara
>> ngaluarkeun fatwa saupami taya nu naroskeun mah. Ngimpleng sudut
>> pandang MUI, lamun aya jalmi nu naroskeun ka aranjeunna perkawis
>> hiji masalah, tangtos peryogi diwaler.
>> >
>> > Kenging maca koran sakolebat, MUI banten ngadadasarkeun fatwa
>> debus haram pedah 'kasenian debus teh ayana ngaliwatan bantuan jin'.
>> Dupi perkawis dibantuan ku jin eta teh leres atanapi henteu? Pami
>> lepat, panginten peryogi aya nu masihan terang ka MUI nyalira kumaha-
>> kumahana ari debus teh.
>> >
>> > Perkawis ngaben di Bali, salami anu ngajalankeunana sanes umat
>> Islam mah abdi yakin MUI moal komentar nanaon.
>> >
>> > Baktos,
>> > Dian.
>> >
>> > --- In [email protected], engkus ruswana <engkusruswana@>
>> wrote:
>> > >
>> > > Hatur nuhun atuh wartana kang Dian, oge ka MJ, mung kahoyong
>> mah...kahoyong... MUI teh ulah sok lebt ngatur fatwa nu aya kaitan
>> sareng budaya lokal, margi tangtos bakal benten paugeranana, margi
>> aya kecap ciri sabumi cara sadesa tea. Atuh tangtos pami teu pakem
>> ngeremna bakal seueur nilai-nilai atanapi budaya lokal nu bakal
>> diharamkeun. Contona : ngukus, larungan, jaipongan, ngawayang,
>> ngaben di Bali, jsb. tiasa bae kapayun bakal diharamkeun. Bawiraos
>> simkuring mah urus bae diri sorangan, da can tangtu nu ngaluarkeun
>> fatwa teh tos leres dina ngajalankeun kamanusaanana, kilangbara dugi
>> kana kaGustianana mah.
>> > >
>> > > pun tabe nun
>> > >
>> > > Engkus
>> > >
>> >
>>
>>
>>
>
>


-- 
&#7060;&#7082;&#7056;&#7076;

Kirim email ke