Keur supaya bisa ngabayangkeun kumaha sistem administrasi birokrasi dijaman baheula, kuring nyutat "Memoar Martanagara" nu kungsi ku kuring di posting di Kusnet. Katingali didieu sistem administrasi birokrasi di Priangan nu rada ngaharib-harib ayeuna teh dimimitian di taun 1871 (130 taun katukang). Samemehna birokrat (priyayi/ pagawe negeri) teu digajih, tapi meunang panghasilan tina PANCEN. PANCEN rada siga pajeg tapi oge deukeut-deukeut kana SEBA, sabab diitungna tina hasil panen tatanen (sapersapuluh). PANCEN dilembur kuring, lamun teu salah masih aya, gunana keur muruhan perangkat Desa (lurah jeung perangkatna) nu teu digajih ku nagara.
Nyanggakeun cutatanana: =========================== Taun 1864 kuring dibenum deui, ayeuna mah diangkat jadi camat di sub- distrik Cikadu. Kuring oge pindah nganjrek ka Cikadu. Sanggeus salapan bulan di Cikadu, Paman Pangeran ngarasa geus waktuna ngawinkeun kuring jeung Armunah, putrina nu keur leutik geus dipapacangankeun jeung kuring waktu kuring jeung manehna umurna lima jeung tilu taun. Kawinan ieu dihajatkeun gede-gedean di taun 1865. Umur kuring dua puluh taun jeung kuring geus aya di Cikadu salila sataun. kira-kira genep bulan saenggeusna, Wadana Distrik datang mere nyaho yen kuring diangkat jadi KALIWON SUMEDANG (?). Di waktu eta para pajabat nu diangkat Wadana teu make surat pengangkatan. Tugas utama saurang Patih aya tilu: nyatet kabeh sawah nu aya di Kabupaten, boga tanggung jawab kana jalan-jalan, sasak, gedong- gedong resmi saperti kabupaten (imah dinas Bupati), imah asisten Residen, imah kontrolir, panjara, gudang uyah jeung gudang kopi. Keur ngalaksanakeun tugas ieu, patih ngamanfaatkeun kerja rodi jeung biayana ditanggung ku desa-desa di Kabupaten. Pamarentah teu mere bantuan duit, sabab padumuk teu mayar pajeg, tapi mayar PANCEN*) nyaeta sapersapuluh tina hasil sawah jeung kebon. Pancen ditarik ku kapala-kapala Desa nu boga tanggung jawab ka Wadana. Patih jeung pejabat pamarentah sejenna teu meunang gajih tapi meunang bagean tina pancen. KAWIN DEUI KA ADI BEUTEUNG Taun eta (1871) diayakeun reorganisasi Priangan. Keur ngalaksanakeunana, Van Rees anggota Dewan Hindia dikirim ka Sumedang. Manehna nganjrek genep bulan di Kabupaten. Sekretarisna Levyssohn Norman, asisten Residen ti Meester Cornelis (= Jatinegara) nu urut kontrolir di Sumedang. Maranehna ninjau ka kulon (Bandung, Cianjur) jeung ka kidul (Garut, Tasikmalaya sabulan sakali. Kuring marengan Van Rees, kulanataran diparentah Residen, tugas-tugas kuring salaku wadana dioperkeun ka camat. Reorganisasi dilaksanakeun 1 Juni. Pancen/ cukai panen dipupus, diganti ku pajeg nu mangrupa duit. Ti harita pagawe pamarentahan, nu luhur atawa nu handap meunang gajih mangrupa duit. Jurutulis gajihna sabulan f 15, mantri f 25, Camat f 100, Wadana f 200 jeung nu ngumpulkeun pajeg f 200 ditambahan persenan. Bupati gajihna panggedena , f 20.000 sataun. Salian ti eta bupati meunang tambahan nu gedena gumantung kana legana sawah di daerahna. Bupati Sukapura jeung Garut masing-masing meunang tambahan f 10.000 dina sataunna, bupati Sumedang jeung Cianjur meunang tambahan f 24.000 jeung bupati Bandung f 100.000. Tapi engkena, tambahan ieu dileungitkeun, nu ngakibatkeun nu ngagaranti bupati-bupati ieu ukur narima gajih wungkul. Pajeg Tanah dikenalkeun gedena ti f 1 tepi ka f 15 gumantung kana hasil tanah. =================================================

