sumuhun mangga, manawi sanes waktoslah upami abdi masih keneh di samarinda 
mah, mangga linggih.

perkawis tahu mah nya kitu, Kang Eman mah hiji mung istrina anu unggal 
warung tahuna...  anu tahura bukit suharto di etang dua, kenca  sareng 
katuhu jalan teh di etang dua warung nya, teu acan anu  dijalan ka bontang 
.... he.. he.. he...

----- Original Message ----- 
From: "Waluya" <[email protected]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, November 03, 2009 12:33 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Tahu Sumedang ......


> "dudi s.suradiredja" <dudi...@...> wrote:
> alah eta si Akang mani harianeun euy henteu nyimpang ka uing,
> padahal mah moal tangtu diservislah.. iraha bade ka samarinda deui?

Waduh punten Kang Dudi teu beja-beja. Eta oge emut aya baraya yeuh di 
Samarinda, ngan nyaeta no HP kang dudi pamasihan Kang Oman kapupus. Sareng 
deui rada stress ku padamelan di PT Badak NGL Bontang, eta ku urusan jeung 
securityna mani ketat pisan. Abdi kedah di screening heula, geus kitu 
kumargi peryogi tenaga lokal, tenaga lokal oge kudu discreening. Tilu dinten 
seep waktos ku ngurus nu kararitu, padahal ukur dipasihan jatah waktos 8 
dinten.

Puguh atuh ari prak didamel teh asa karurusuh da jatah waktosna seep ku 
urusan administrasi. Untung beres tepat waktos, ngan awak mani asa pasiksak, 
maklum padamelanana sanes hareupeun meja, tapi kukurubutan dina rungkun 
jeung rawa ....

Perkawis tahu sumedang di Kaltim, kutan ngan saurang nu gaduhna?

Baktos,
WALUYA



------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links




Kirim email ke