Asana Tahu Sumedang ting pucunghul di Borneo, tos aya kana tilu-opat taun ka tukang. Di sabudereun Bandara Samsudin Noor ge aya Bah. Kiwari mah deukeut panganjrekan incu mitoha ge aya tukang tahu teh.
Salian ti urang Sumedang, di Borneo nu rada mindeng manggihan teh urang Sukabumi deuih. Urang Sukabumi mah usahana teh kana Roti. -mh- 2009/11/2 Waluya <[email protected]>: > Geus lila kuring tara ngaliwat deui jalan Balikpapan-Samarinda-Bontang, lamun > teu salah mah pangakhirna teh taun 2003. Tah minggu kamari kuring ngaliwat > deui. Pohara kagetna di daerah "Bukit Soeharto" aya rumah makan gede di sisi > jalan aranna "Tahu Sumedang". Da baheula mah asa teu nempo aya restoran eta. > Kulantaran lapar jeung supir mobil nyarankeun istirahat didinya, nya eureun, > ngadon istirihat didinya. Sanajan kuring urang Sumedang, kana tahu mah teu > bosen-bosen ..hehehe, ngeremus we dibarengan jeung lontong. Tahuna ngeunah > ngan tetep teu sangeunah tahu Sumedang "asli" di Sumedang. > > Nu ngalayan diajak ngomong Sunda, nembalan ku basa Sunda deui. Barang ditanya > urang mana, jawabna teh urang Sumedang, ti Ketib cenah. Rek tatanya loba, > maranehna keur pakepuk ngalayanan nu sejen. Maklum poe Minggu loba nu > jalan-jalan. Waktu mayar rada ngagebeg, harga tahu teh mahal pisan, dibanding > jeung tahu sumedang di tempat "asli"na. Tapi muji oge, aya batur salembur, > ngumbara, buka usaha terus sukses bari mawaan batur salemburna digarawe. > > Ari sugan teh tukang tahu sumedang teh ngan eta wungkul, har .. geuning aya > sababaraha hiji, boh di Jalan Balikpapan-Samarinda, atawa oge di Kota > Samarinda, tembus ka Jalan Samarinda-Bontang, tepi ka kota Bontangna pisan. > Nu usahana ge jalmana beda-beda, ngan nu pasti urang Sumedang. > > Jadi mikir, ti iraha urang Sumedang jadi lalampar kitu dina usaha, nurutan > "dulur"na nu geus tiheula lalampar dina usaha: urang Tasik, nu kawentar jadi > tukang kridit kamana-mana? Sakanyaho kuring, baheula mah urang Sumedang nu > ngumbara teh biasana ukur pagawe formal (PNS/Pulisi/tantara/ BUMN) lain nu > ngadon usaha informal kitu. Tapi ayeuna mah geus beda geuning. Hiji perubahan > sikep anu alus, teu eleh ti etnis sejen saperti urang Padang nu usaha rumah > makan dimana-mana ... > > Baktos, > WALUYA > > > > > > > > > > > > > > > > > ------------------------------------ > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > Yahoo! Groups Links > > > >

