Waas aheula mah di sakitar Bukit Soeharto teh teu meunang aya anu dagang
atawa pamuiman..eta teh daerah konservasi leuweung....Komo ngaranna
Soeharto..sarieuneun ngalanggar..Ayeuna mah pan tos refromasi sigana
ngalanggar oge der wae..padahal larangan jeung peruntukkan hutan lindungna
can dicabut. Nyarisokeun tahu...eta tina kadele..eta teh sae pisan kanggo
pameget...tiasa nyegah bareuhna kelenjar prostat (BPH)..ngan aya kounterna
eksesna mun seueur teuing cenah asam urat nerekel..nyareri
sendi..........Anujelas mah tahu Sumedang mah komo mun asli
mah..colem...nguenah merejih..nimatna di emam panas2....sapiring teu
karaos..alias hayang keneh.........

On 11/2/09, mh <[email protected]> wrote:
>
>
>
> Asana Tahu Sumedang ting pucunghul di Borneo, tos aya kana tilu-opat
> taun ka tukang.
> Di sabudereun Bandara Samsudin Noor ge aya Bah. Kiwari mah deukeut
> panganjrekan
> incu mitoha ge aya tukang tahu teh.
>
> Salian ti urang Sumedang, di Borneo nu rada mindeng manggihan teh
> urang Sukabumi
> deuih. Urang Sukabumi mah usahana teh kana Roti.
> -mh-
>
> 2009/11/2 Waluya <[email protected] <waluya56%40yahoo.com>>:
> > Geus lila kuring tara ngaliwat deui jalan Balikpapan-Samarinda-Bontang,
> lamun teu salah mah pangakhirna teh taun 2003. Tah minggu kamari kuring
> ngaliwat deui. Pohara kagetna di daerah "Bukit Soeharto" aya rumah makan
> gede di sisi jalan aranna "Tahu Sumedang". Da baheula mah asa teu nempo aya
> restoran eta. Kulantaran lapar jeung supir mobil nyarankeun istirahat
> didinya, nya eureun, ngadon istirihat didinya. Sanajan kuring urang
> Sumedang, kana tahu mah teu bosen-bosen ..hehehe, ngeremus we dibarengan
> jeung lontong. Tahuna ngeunah ngan tetep teu sangeunah tahu Sumedang "asli"
> di Sumedang.
> >
> > Nu ngalayan diajak ngomong Sunda, nembalan ku basa Sunda deui. Barang
> ditanya urang mana, jawabna teh urang Sumedang, ti Ketib cenah. Rek tatanya
> loba, maranehna keur pakepuk ngalayanan nu sejen. Maklum poe Minggu loba nu
> jalan-jalan. Waktu mayar rada ngagebeg, harga tahu teh mahal pisan,
> dibanding jeung tahu sumedang di tempat "asli"na. Tapi muji oge, aya batur
> salembur, ngumbara, buka usaha terus sukses bari mawaan batur salemburna
> digarawe.
> >
> > Ari sugan teh tukang tahu sumedang teh ngan eta wungkul, har .. geuning
> aya sababaraha hiji, boh di Jalan Balikpapan-Samarinda, atawa oge di Kota
> Samarinda, tembus ka Jalan Samarinda-Bontang, tepi ka kota Bontangna pisan.
> Nu usahana ge jalmana beda-beda, ngan nu pasti urang Sumedang.
> >
> > Jadi mikir, ti iraha urang Sumedang jadi lalampar kitu dina usaha,
> nurutan "dulur"na nu geus tiheula lalampar dina usaha: urang Tasik, nu
> kawentar jadi tukang kridit kamana-mana? Sakanyaho kuring, baheula mah urang
> Sumedang nu ngumbara teh biasana ukur pagawe formal (PNS/Pulisi/tantara/
> BUMN) lain nu ngadon usaha informal kitu. Tapi ayeuna mah geus beda geuning.
> Hiji perubahan sikep anu alus, teu eleh ti etnis sejen saperti urang Padang
> nu usaha rumah makan dimana-mana ...
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > ------------------------------------
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
>  
>

Kirim email ke