sigana pernah ningali treat siga iyeu tapi ti batur urang ditu" urang
kalimantan

2009/11/2 Waluya <[email protected]>

>
>
> Geus lila kuring tara ngaliwat deui jalan Balikpapan-Samarinda-Bontang,
> lamun teu salah mah pangakhirna teh taun 2003. Tah minggu kamari kuring
> ngaliwat deui. Pohara kagetna di daerah "Bukit Soeharto" aya rumah makan
> gede di sisi jalan aranna "Tahu Sumedang". Da baheula mah asa teu nempo aya
> restoran eta. Kulantaran lapar jeung supir mobil nyarankeun istirahat
> didinya, nya eureun, ngadon istirihat didinya. Sanajan kuring urang
> Sumedang, kana tahu mah teu bosen-bosen ..hehehe, ngeremus we dibarengan
> jeung lontong. Tahuna ngeunah ngan tetep teu sangeunah tahu Sumedang "asli"
> di Sumedang.
>
> Nu ngalayan diajak ngomong Sunda, nembalan ku basa Sunda deui. Barang
> ditanya urang mana, jawabna teh urang Sumedang, ti Ketib cenah. Rek tatanya
> loba, maranehna keur pakepuk ngalayanan nu sejen. Maklum poe Minggu loba nu
> jalan-jalan. Waktu mayar rada ngagebeg, harga tahu teh mahal pisan,
> dibanding jeung tahu sumedang di tempat "asli"na. Tapi muji oge, aya batur
> salembur, ngumbara, buka usaha terus sukses bari mawaan batur salemburna
> digarawe.
>
> Ari sugan teh tukang tahu sumedang teh ngan eta wungkul, har .. geuning aya
> sababaraha hiji, boh di Jalan Balikpapan-Samarinda, atawa oge di Kota
> Samarinda, tembus ka Jalan Samarinda-Bontang, tepi ka kota Bontangna pisan.
> Nu usahana ge jalmana beda-beda, ngan nu pasti urang Sumedang.
>
> Jadi mikir, ti iraha urang Sumedang jadi lalampar kitu dina usaha, nurutan
> "dulur"na nu geus tiheula lalampar dina usaha: urang Tasik, nu kawentar jadi
> tukang kridit kamana-mana? Sakanyaho kuring, baheula mah urang Sumedang nu
> ngumbara teh biasana ukur pagawe formal (PNS/Pulisi/tantara/ BUMN) lain nu
> ngadon usaha informal kitu. Tapi ayeuna mah geus beda geuning. Hiji
> perubahan sikep anu alus, teu eleh ti etnis sejen saperti urang Padang nu
> usaha rumah makan dimana-mana ...
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke