> "dudi s.suradiredja" <dudi...@...> wrote:
> alah eta si Akang mani harianeun euy henteu nyimpang ka uing, 
> padahal mah moal tangtu diservislah..  iraha bade ka samarinda deui?

Waduh punten Kang Dudi teu beja-beja. Eta oge emut aya baraya yeuh di 
Samarinda, ngan nyaeta no HP kang dudi pamasihan Kang Oman kapupus. Sareng deui 
rada stress ku padamelan di PT Badak NGL Bontang, eta ku urusan jeung 
securityna mani ketat pisan. Abdi kedah di screening heula, geus kitu kumargi 
peryogi tenaga lokal, tenaga lokal oge kudu discreening. Tilu dinten seep 
waktos ku ngurus nu kararitu, padahal ukur dipasihan jatah waktos 8 dinten.

Puguh atuh ari prak didamel teh asa karurusuh da jatah waktosna seep ku urusan 
administrasi. Untung beres tepat waktos, ngan awak mani asa pasiksak, maklum 
padamelanana sanes hareupeun meja, tapi kukurubutan dina rungkun jeung rawa ....

Perkawis tahu sumedang di Kaltim, kutan ngan saurang nu gaduhna?

Baktos,
WALUYA  

Kirim email ke