Sapuk Mh,  sugan kaidentifikasi masalah inti kunaon beuki saeutik jalma nu 
make/ngagunakeun basa sunda. Eta ge kedah komprehensif panginten di Priangan, 
daerah transisi (Bekasi, Depok, Cirebon, Tangerang).  Ulah ulukutek kana undak 
usuk basa da ceuk nu di Jasinga mah keun bae da eta mah nu bogana menak 
priangan.
 
 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: mh <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sab, 19 Desember, 2009 18:37:26
Judul: Re: [Urang Sunda] Paguneman Basa Sunda

  
Dalah mun nu ditanya teh Julian Milie, nu urang Ostrali; atawa Mikihiro 
Moriyama, nu urang Jepun, 
najan manehna lain urang Sunda, tapi tabah kana basa Sunda da jadi salah sahiji 
bagena tina 
kasab hirupna, tangtu bakal ngajawab basa Sunda teh teu hese teusing.

Malah asana sabenerna pikeun Kang Dosen sareng Aceuk Guru, pasualan ieu teh 
bisa jadi bahan
skripsi mahasiswana, pikeun ngobet pasualan ieu. 
-mh-


2009/12/20 <jalakpakuan@ yahoo.com>


>
>He he he 
>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

>From: mh <khs...@gmail. com> 
>Date: Sun, 20 Dec 2009 09:40:49 +0800
>To: <urangsu...@yahoogro ups.com>
>Subject: Re: [Urang Sunda] Paguneman Basa Sunda
>
>  
>Hehehe, Kang JP, rada kurang keuna eta acara golempang teh, dina ngobet 
>pasualanana.
>Atuda nu ditanya puguh manukna, dosen jeung guru Basa Sunda. Nya puguh we, 
>geus 
>katoong jawabanana. Coba mun nu diangkirna masayarakat umu, tangtu sejen deui 
>hasilna.
>-mh-
>
>
>2009/12/20 <jalakpakuan@ yahoo.com>
>
>
>>
>>Sae seratan teh ngingetkeun urang2. Saena diayakeun golempang nu pesertana 
>>barudak, sugan kaala naon nu disebut, dimaksud hese. Candak budak ti Ciamis, 
>>Kuningan, Karawang, Bogor, Depok, Pandeglang ulah ti priangan sadaya komo mun 
>>ti Bandung wungkul mah. Teu kedah ngadeg heula TV Jabar-Banten. 
>>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

>>From: Moch Dachman Maman <maman.mochdachman@ yahoo.com> 
>>Date: Sun, 20 Dec 2009 07:25:38 +0800 (SGT)
>>To: <urangsu...@yahoogro ups.com>
>>Subject: [Urang Sunda] Paguneman Basa Sunda
>>
>>  
>>Geura ieu aya Paguneman dina Basa Sunda.
>>Dihandap aya wacana siaran televisi dina program acara "Golěmpang". Golěmpang 
>>těh hartina sarua jeung tiguling. Lian ti ěta aya deui hartina, nya ěta 
>>salahsahiji igel atawa tepak kendang kasenian penca silat. Tapi, nu rěk 
>>dicaritakeun dina ieu bacaan mah. "Golěmpang" salahsahiji acara, anu mayeng 
>>disiarkeun ku stasiun televisi lokal. Bandung TV.
>>Ieu acara wangunna wangkongan, antara si penyiar jeung tokoh-tokoh Sunda, 
>>seniman, juru atik, ahli basa jeung sajabana, Geura yu urang bandungan !
>>Kabeneran eusina magunemkeun, naha enya ari basa Sunda těh hěsě.. Nya kitu 
>>deui tokoh anu diondangna, enya-enya ahlina. Kahiji Bapa Drs. Ano Karsana, 
>>M.Pd. ( Ano ) Dosěn Basa Sunda ti UPI Bandung. Nu saurang deui, Ibu Dra. 
>>Eulis Saputra ( Eulis ), Guru Basa Sunda di salahsawios SMP. Sedengkeun 
>>prěsěnterna, Bapa Us Tiarsa ( UT )
>>
>>UT : Haturan, wilujeng sumping sareng wilujeng wengi, hatur nuhun kana 
>>kasumpinganana ka studio.
>>
>>Ano : Sami-sami. Sawangsulna hatur nuhun kana pangangkirna.
>>
>>Eulis : Wilujeng wengi !
>>
>>UT : Rupina bade ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat, anu kagungan 
>>anggapan, yen basa Sunda těh hěsě. Dugi ka maraněhna, milih sasauran ku Basa 
>>Indonesia, batan ngagunakeun basa Sunda. Tah, naha leres basa Sunda těh hěsě ?
>>
>>Ano : Namina ogě anggapan, tangtos teu acan kantenan leresna. Malih cěk sim 
>>kuring mah, ěta anggapan těh lepat kabina-bina. Ayeuna sim kuring badě naros 
>>ka Pa Uus, hěg waler sing jujur. Numutkeun Pa Uus, sesah mana sasuran ngangga 
>>basa Sunda, sareng ngagunakeun basa Inggris atanapi Arab ?
>>
>>UT : Ku margi sim kuring mah urang Sunda, kantenan sesah kěněh sasanggem ku 
>>basa Inggris sareng basa Arab.
>>
>>Ano : Saleresna basa Sunda těh, henteu sesah teu sing, utamana pikeun urang 
>>Sunda. Cenah ěta masarakat aya anggapan, majar basa Sunda hěsě, ěta mung 
>>raraosan. Biasana pědah dina basa Sunda, aya nu disebat tatakrama basa. 
>>Undak-usuk basa disebatna, upami kapungkur mah. Aya basa lemes, aya basa 
>>kasar. Padahal asal dibiasakeun, dijamin henteu hěsě teu sing.
>>
>>UT : Kumaha pamendak Bu Eulis ?
>>
>>Eulis : Nu mawi ěta nu kedah diusahakeun ku urang těh. Ngarobah sikep 
>>sabagěan urang Sunda, supados ulah aya emutan, yěn basa Sunda těh hěsě. 
>>Sapertos nu nembě disaurkeun ku Pa Ano. Sim kuring rada ngartos sareng tiasa 
>>nyanggem ku basa Inggris. Tapi, numutkeun pangalaman, angger baě langkung 
>>gampil nyanggem ku basa Sunda. Nya kitu deui dibandingkeun sareng basa 
>>Indonesia, tetep langkung lancar ngagunakeun basa Sunda. Margi tos biasa těa.
>>
>>Ano : Leres, da basa mah saněs apalkeuneun, namung anggoeun. Sareng naha 
>>dikinten urang Sunda nu sasauran ku Basa Indonesia, basa Indonesiana laleres 
>>kitu ? Malih apan lětah urang Sunda kasohor sesah upami diajak mamalayuan 
>>těh. Běnten sareng urang Jawa atanapi urang Sabrang..
>>
>>UT : Janten ari kitu mah, majar basa Sunda sesah těh, henteu leres ?
>>
>>Eulis : Lepat pisan. Sakali deui, asal dibiasakeun, basa naon-basa naon ogě, 
>>tinangtos bakal gampil.
>>
>>UT : Namung ayeuna mah geuning, ulah di kota, di pilemburan ogě, ngawitan 
>>seueur nu nyariosna mamalayuan.
>>
>>Eulis : Leres. Contona di lembur sim kuring. Nanging punten moal disebatkeun, 
>>lembur naon-lembur naonna mah. Seueur barudak aralit, niru-niru urang Batawi. 
>>Nggak mau, pěngin makan, biarin, cenah. Da ěta panginten dipirucaan ku 
>>sepuh-sepuhna.
>>
>>Ano : Janten emut kana dongěng rěrěncangan. Aya urang lembur, di damel di 
>>Jakarta. Teu acan pati lami, nembě sataun jalan. Waktos mulang lebaran, siga 
>>nu tos hilap pisan kana basa Sunda. Nyarita sareng sasaha těh, teu welěh 
>>nurutan Si Mandra. Elu, guě sareng sajabina. Kacaturkeun piěnjingeun manehna 
>>wangsul deui ka kota, ditaros ku tatanggana. Iraha ka Jakarta deui ? Jawabna 
>>těh : "Běsok". Ditaros deui, rěk wayah naon ? kumaha pokna ? Běsok-běsok.
>>
>>UT : Maksadna mah panginten isuk-isuk.
>>
>>Ano : Leres.
>>
>>UT : Tadi disebatkeun, pangna dianggap hěsě těh, ku margi aya tatakrama basa 
>>těa. Sarieuneun lepat rupina. Batan lepat mending ngagunakeun basa Indonesia. 
>>Utamina barudak ngora. Kumaha pamendak Bu Eulis ?
>>
>>Eulis : Naha ari dina basa Indonesia, basa Inggris, sareng basa Arab, teu aya 
>>tatakrama basa kitu ? Aya, aya pisan. Contona dina basa Indonesia. Mustahil 
>>ka prěsiden nyebat lagi makan atanapi tengah tidur. Pasti nyebat těh lagi 
>>bersantap. Tengah istirahat. Sarengna deui jumlahna ogě, da henteu 
>>seueur-seueur teuing. Moal aya satai kukuna, upama dibandingkeun sareng 
>>ngapalkeun robahna kecap dina basa Inggris atanapi Arab.,j
>>
>>Anu : Ah, nya ěta atuh, urang Sunda mah sakapeung sok rada hěngkěr. Gampil 
>>ělěhan.
>>
>>Eulis : Rupina kedah aya kampanyeu husus. Nyebarkeun pamflět, saur saha basa 
>>Sunda hěsě !
>>
>>UT : Aěh, teu karaos, parantos ampir sajam. Ku margi kitu, kanggo samentawis, 
>>wangkongan těh urang pungkas. Ka payun urang sambung deui.. Hatur nuhun.
>>
>>============ ========= ========= == Drs.H.Maman Moch Dachman.. MBA. Jl. 
>>Margajaya V. No. 5 Bandung - 40224 visit; maman.mochdachman@ gmail.com http 
>>://abahbandung. blogspot. com ============ ========= ========= ==
>>
>>Lebih Bersih, Lebih Baik, Lebih Cepat - Rasakan Yahoo! Mail baru yang Lebih 
>>Cepat hari ini! http://id.mail. yahoo.com
>>
>>
>>
>
>
>




      Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari 
email atau jaringan sosial Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke