Hahahaha.......... Di na masalah eta mah enyaan si akang
jalakpakuan nu bener !!!
Hahahaha.......... didieu uing ngaku eleh euy.........
hahahaha.............. resep oe debat; kang jalakpakuan
nyatana argumentasina hebring ! Hahahaha..........

--- In [email protected], jalakpak...@... wrote:
>
> Basa indonesia oge boga masalah nyaeta loba teuing serapan basa jawa jadi teu 
> egaliter deui malah jadi aya rasa ti undak usuk basa jawa oge. Jadi nu mekar 
> basa indon betawi/sinetron nu leuwih komunikatif. Perkembanganana malah 
> campur ku basa inggris model gaya Cinta Laura. Sabatae lieurna Pusat 
> Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, baik dan benar teu ditengetkeun deui. Basa 
> sunda (priangan)? Ngenteung kana kaayaan Bahasa Indonesia atuh.
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> 
> -----Original Message-----
> From: "Abbas" <abas_ami...@...>
> Date: Sun, 20 Dec 2009 03:51:28 
> To: <[email protected]>
> Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Paguneman Basa Sunda
> 
> Masalahna euweuh cecekelan nu pasti.
> Jadi yaaa makena ge ragu2 atuh.
> Lantaran para inohong sundana ge geus cul jeun ka na Basa Sunda teh.
> Rek dituluykeun pek meureun; rek ditongsampahkeun kuma dinya.
> Pek da mun para inohongna leukeun mah; sageuy basa Sunda mandeg cara ayeuna. 
> Geus kitu teh nu disalahkeunana UUBS !????
> Padahal mah nu marakena wee NGEDUL atawa embung DIAJAR BASA SORANGAN.
> Kusaha atuh dipajukeunana ieu Basa Sunda teh ?
> Memang sih asa ngeunah keneh make basa Indonesia .
> Lantaran naon ? sahenteuna aya cekelan nu pasti.
> 
> 
> --- In [email protected], Jalak Pakuan <jalakpakuan@> wrote:
> >
> > 
> > Sapuk Mh,  sugan kaidentifikasi masalah inti kunaon beuki saeutik jalma nu 
> > make/ngagunakeun basa sunda. Eta ge kedah komprehensif panginten di 
> > Priangan, daerah transisi (Bekasi, Depok, Cirebon, Tangerang).  Ulah 
> > ulukutek kana undak usuk basa da ceuk nu di Jasinga mah keun bae da eta mah 
> > nu bogana menak priangan.
> >  
> >  
> > Makarya Mawa Raharja
> > 
> > 
> > 
> > 
> >________________________________
> > Dari: mh <khs579@>
> > Kepada: [email protected]
> > Terkirim: Sab, 19 Desember, 2009 18:37:26
> > Judul: Re: [Urang Sunda] Paguneman Basa Sunda
> > 
> >   
> > Dalah mun nu ditanya teh Julian Milie, nu urang Ostrali; atawa Mikihiro 
> > Moriyama, nu urang Jepun, 
> > najan manehna lain urang Sunda, tapi tabah kana basa Sunda da jadi salah 
> > sahiji bagena tina 
> > kasab hirupna, tangtu bakal ngajawab basa Sunda teh teu hese teusing.
> > 
> > Malah asana sabenerna pikeun Kang Dosen sareng Aceuk Guru, pasualan ieu teh 
> > bisa jadi bahan
> > skripsi mahasiswana, pikeun ngobet pasualan ieu. 
> > -mh-
> > 
> > 
> > 2009/12/20 <jalakpakuan@ yahoo.com>
> > 
> > 
> > >
> > >He he he 
> > >Powered by Telkomsel BlackBerry®
> >________________________________
> > 
> > >From: mh <khs...@gmail. com> 
> > >Date: Sun, 20 Dec 2009 09:40:49 +0800
> > >To: <urangsu...@yahoogro ups.com>
> > >Subject: Re: [Urang Sunda] Paguneman Basa Sunda
> > >
> > >  
> > >Hehehe, Kang JP, rada kurang keuna eta acara golempang teh, dina ngobet 
> > >pasualanana.
> > >Atuda nu ditanya puguh manukna, dosen jeung guru Basa Sunda. Nya puguh we, 
> > >geus 
> > >katoong jawabanana. Coba mun nu diangkirna masayarakat umu, tangtu sejen 
> > >deui hasilna.
> > >-mh-
> > >
> > >
> > >2009/12/20 <jalakpakuan@ yahoo.com>
> > >
> > >
> > >>
> > >>Sae seratan teh ngingetkeun urang2. Saena diayakeun golempang nu 
> > >>pesertana barudak, sugan kaala naon nu disebut, dimaksud hese. Candak 
> > >>budak ti Ciamis, Kuningan, Karawang, Bogor, Depok, Pandeglang ulah ti 
> > >>priangan sadaya komo mun ti Bandung wungkul mah. Teu kedah ngadeg heula 
> > >>TV Jabar-Banten. 
> > >>Powered by Telkomsel BlackBerry®
> >________________________________
> > 
> > >>From: Moch Dachman Maman <maman.mochdachman@ yahoo.com> 
> > >>Date: Sun, 20 Dec 2009 07:25:38 +0800 (SGT)
> > >>To: <urangsu...@yahoogro ups.com>
> > >>Subject: [Urang Sunda] Paguneman Basa Sunda
> > >>
> > >>  
> > >>Geura ieu aya Paguneman dina Basa Sunda.
> > >>Dihandap aya wacana siaran televisi dina program acara "Golěmpang". 
> > >>Golěmpang těh hartina sarua jeung tiguling. Lian ti ěta aya deui 
> > >>hartina, nya ěta salahsahiji igel atawa tepak kendang kasenian penca 
> > >>silat. Tapi, nu rěk dicaritakeun dina ieu bacaan mah. "Golěmpang" 
> > >>salahsahiji acara, anu mayeng disiarkeun ku stasiun televisi lokal. 
> > >>Bandung TV.
> > >>Ieu acara wangunna wangkongan, antara si penyiar jeung tokoh-tokoh Sunda, 
> > >>seniman, juru atik, ahli basa jeung sajabana, Geura yu urang bandungan !
> > >>Kabeneran eusina magunemkeun, naha enya ari basa Sunda těh hěsě.. Nya 
> > >>kitu deui tokoh anu diondangna, enya-enya ahlina. Kahiji Bapa Drs. Ano 
> > >>Karsana, M.Pd. ( Ano ) Dosěn Basa Sunda ti UPI Bandung. Nu saurang deui, 
> > >>Ibu Dra. Eulis Saputra ( Eulis ), Guru Basa Sunda di salahsawios SMP. 
> > >>Sedengkeun prěsěnterna, Bapa Us Tiarsa ( UT )
> > >>
> > >>UT : Haturan, wilujeng sumping sareng wilujeng wengi, hatur nuhun kana 
> > >>kasumpinganana ka studio.
> > >>
> > >>Ano : Sami-sami. Sawangsulna hatur nuhun kana pangangkirna.
> > >>
> > >>Eulis : Wilujeng wengi !
> > >>
> > >>UT : Rupina bade ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat, anu kagungan 
> > >>anggapan, yen basa Sunda těh hěsě. Dugi ka maraněhna, milih sasauran 
> > >>ku Basa Indonesia, batan ngagunakeun basa Sunda. Tah, naha leres basa 
> > >>Sunda těh hěsě ?
> > >>
> > >>Ano : Namina ogě anggapan, tangtos teu acan kantenan leresna. Malih cěk 
> > >>sim kuring mah, ěta anggapan těh lepat kabina-bina. Ayeuna sim kuring 
> > >>badě naros ka Pa Uus, hěg waler sing jujur. Numutkeun Pa Uus, sesah 
> > >>mana sasuran ngangga basa Sunda, sareng ngagunakeun basa Inggris atanapi 
> > >>Arab ?
> > >>
> > >>UT : Ku margi sim kuring mah urang Sunda, kantenan sesah kěněh 
> > >>sasanggem ku basa Inggris sareng basa Arab.
> > >>
> > >>Ano : Saleresna basa Sunda těh, henteu sesah teu sing, utamana pikeun 
> > >>urang Sunda. Cenah ěta masarakat aya anggapan, majar basa Sunda hěsě, 
> > >>ěta mung raraosan. Biasana pědah dina basa Sunda, aya nu disebat 
> > >>tatakrama basa. Undak-usuk basa disebatna, upami kapungkur mah. Aya basa 
> > >>lemes, aya basa kasar. Padahal asal dibiasakeun, dijamin henteu hěsě 
> > >>teu sing.
> > >>
> > >>UT : Kumaha pamendak Bu Eulis ?
> > >>
> > >>Eulis : Nu mawi ěta nu kedah diusahakeun ku urang těh. Ngarobah sikep 
> > >>sabagěan urang Sunda, supados ulah aya emutan, yěn basa Sunda těh 
> > >>hěsě. Sapertos nu nembě disaurkeun ku Pa Ano. Sim kuring rada ngartos 
> > >>sareng tiasa nyanggem ku basa Inggris. Tapi, numutkeun pangalaman, angger 
> > >>baě langkung gampil nyanggem ku basa Sunda. Nya kitu deui dibandingkeun 
> > >>sareng basa Indonesia, tetep langkung lancar ngagunakeun basa Sunda. 
> > >>Margi tos biasa těa.
> > >>
> > >>Ano : Leres, da basa mah saněs apalkeuneun, namung anggoeun. Sareng naha 
> > >>dikinten urang Sunda nu sasauran ku Basa Indonesia, basa Indonesiana 
> > >>laleres kitu ? Malih apan lětah urang Sunda kasohor sesah upami diajak 
> > >>mamalayuan těh. Běnten sareng urang Jawa atanapi urang Sabrang..
> > >>
> > >>UT : Janten ari kitu mah, majar basa Sunda sesah těh, henteu leres ?
> > >>
> > >>Eulis : Lepat pisan. Sakali deui, asal dibiasakeun, basa naon-basa naon 
> > >>ogě, tinangtos bakal gampil.
> > >>
> > >>UT : Namung ayeuna mah geuning, ulah di kota, di pilemburan ogě, 
> > >>ngawitan seueur nu nyariosna mamalayuan.
> > >>
> > >>Eulis : Leres. Contona di lembur sim kuring. Nanging punten moal 
> > >>disebatkeun, lembur naon-lembur naonna mah. Seueur barudak aralit, 
> > >>niru-niru urang Batawi. Nggak mau, pěngin makan, biarin, cenah. Da ěta 
> > >>panginten dipirucaan ku sepuh-sepuhna.
> > >>
> > >>Ano : Janten emut kana dongěng rěrěncangan. Aya urang lembur, di damel 
> > >>di Jakarta. Teu acan pati lami, nembě sataun jalan. Waktos mulang 
> > >>lebaran, siga nu tos hilap pisan kana basa Sunda. Nyarita sareng sasaha 
> > >>těh, teu welěh nurutan Si Mandra. Elu, guě sareng sajabina. 
> > >>Kacaturkeun piěnjingeun manehna wangsul deui ka kota, ditaros ku 
> > >>tatanggana. Iraha ka Jakarta deui ? Jawabna těh : "Běsok". Ditaros 
> > >>deui, rěk wayah naon ? kumaha pokna ? Běsok-běsok.
> > >>
> > >>UT : Maksadna mah panginten isuk-isuk.
> > >>
> > >>Ano : Leres.
> > >>
> > >>UT : Tadi disebatkeun, pangna dianggap hěsě těh, ku margi aya 
> > >>tatakrama basa těa. Sarieuneun lepat rupina. Batan lepat mending 
> > >>ngagunakeun basa Indonesia. Utamina barudak ngora. Kumaha pamendak Bu 
> > >>Eulis ?
> > >>
> > >>Eulis : Naha ari dina basa Indonesia, basa Inggris, sareng basa Arab, teu 
> > >>aya tatakrama basa kitu ? Aya, aya pisan. Contona dina basa Indonesia. 
> > >>Mustahil ka prěsiden nyebat lagi makan atanapi tengah tidur. Pasti 
> > >>nyebat těh lagi bersantap. Tengah istirahat. Sarengna deui jumlahna 
> > >>ogě, da henteu seueur-seueur teuing. Moal aya satai kukuna, upama 
> > >>dibandingkeun sareng ngapalkeun robahna kecap dina basa Inggris atanapi 
> > >>Arab.,j
> > >>
> > >>Anu : Ah, nya ěta atuh, urang Sunda mah sakapeung sok rada hěngkěr. 
> > >>Gampil ělěhan.
> > >>
> > >>Eulis : Rupina kedah aya kampanyeu husus. Nyebarkeun pamflět, saur saha 
> > >>basa Sunda hěsě !
> > >>
> > >>UT : Aěh, teu karaos, parantos ampir sajam. Ku margi kitu, kanggo 
> > >>samentawis, wangkongan těh urang pungkas. Ka payun urang sambung deui.. 
> > >>Hatur nuhun.
> > >>
> > >>============ ========= ========= == Drs.H.Maman Moch Dachman.. MBA. Jl. 
> > >>Margajaya V. No. 5 Bandung - 40224 visit; maman.mochdachman@ gmail.com 
> > >>http ://abahbandung. blogspot. com ============ ========= ========= ==
> > >>
> > >>Lebih Bersih, Lebih Baik, Lebih Cepat - Rasakan Yahoo! Mail baru yang 
> > >>Lebih Cepat hari ini! http://id.mail. yahoo.com
> > >>
> > >>
> > >>
> > >
> > >
> > >
> > 
> > 
> > 
> > 
> >       Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari 
> > email atau jaringan sosial Anda sekarang! 
> > http://id.messenger.yahoo.com/invite/
> >
>


Kirim email ke