Masalahna euweuh cecekelan nu pasti. Jadi yaaa makena ge ragu2 atuh. Lantaran para inohong sundana ge geus cul jeun ka na Basa Sunda teh. Rek dituluykeun pek meureun; rek ditongsampahkeun kuma dinya. Pek da mun para inohongna leukeun mah; sageuy basa Sunda mandeg cara ayeuna. Geus kitu teh nu disalahkeunana UUBS !???? Padahal mah nu marakena wee NGEDUL atawa embung DIAJAR BASA SORANGAN. Kusaha atuh dipajukeunana ieu Basa Sunda teh ? Memang sih asa ngeunah keneh make basa Indonesia . Lantaran naon ? sahenteuna aya cekelan nu pasti.
--- In [email protected], Jalak Pakuan <jalakpak...@...> wrote: > > > Sapuk Mh,  sugan kaidentifikasi masalah inti kunaon beuki saeutik jalma nu > make/ngagunakeun basa sunda. Eta ge kedah komprehensif panginten di Priangan, > daerah transisi (Bekasi, Depok, Cirebon, Tangerang). Ulah ulukutek kana > undak usuk basa da ceuk nu di Jasinga mah keun bae da eta mah nu bogana menak > priangan. >  >  > Makarya Mawa Raharja > > > > > ________________________________ > Dari: mh <khs...@...> > Kepada: [email protected] > Terkirim: Sab, 19 Desember, 2009 18:37:26 > Judul: Re: [Urang Sunda] Paguneman Basa Sunda > >  > Dalah mun nu ditanya teh Julian Milie, nu urang Ostrali; atawa Mikihiro > Moriyama, nu urang Jepun, > najan manehna lain urang Sunda, tapi tabah kana basa Sunda da jadi salah > sahiji bagena tina > kasab hirupna, tangtu bakal ngajawab basa Sunda teh teu hese teusing. > > Malah asana sabenerna pikeun Kang Dosen sareng Aceuk Guru, pasualan ieu teh > bisa jadi bahan > skripsi mahasiswana, pikeun ngobet pasualan ieu. > -mh- > > > 2009/12/20 <jalakpakuan@ yahoo.com> > > > > > >He he he > >Powered by Telkomsel BlackBerry® > ________________________________ > > >From: mh <khs...@gmail. com> > >Date: Sun, 20 Dec 2009 09:40:49 +0800 > >To: <urangsu...@yahoogro ups.com> > >Subject: Re: [Urang Sunda] Paguneman Basa Sunda > > > > > >Hehehe, Kang JP, rada kurang keuna eta acara golempang teh, dina ngobet > >pasualanana. > >Atuda nu ditanya puguh manukna, dosen jeung guru Basa Sunda. Nya puguh we, > >geus > >katoong jawabanana. Coba mun nu diangkirna masayarakat umu, tangtu sejen > >deui hasilna. > >-mh- > > > > > >2009/12/20 <jalakpakuan@ yahoo.com> > > > > > >> > >>Sae seratan teh ngingetkeun urang2. Saena diayakeun golempang nu pesertana > >>barudak, sugan kaala naon nu disebut, dimaksud hese. Candak budak ti > >>Ciamis, Kuningan, Karawang, Bogor, Depok, Pandeglang ulah ti priangan > >>sadaya komo mun ti Bandung wungkul mah. Teu kedah ngadeg heula TV > >>Jabar-Banten. > >>Powered by Telkomsel BlackBerry® > ________________________________ > > >>From: Moch Dachman Maman <maman.mochdachman@ yahoo.com> > >>Date: Sun, 20 Dec 2009 07:25:38 +0800 (SGT) > >>To: <urangsu...@yahoogro ups.com> > >>Subject: [Urang Sunda] Paguneman Basa Sunda > >> > >> > >>Geura ieu aya Paguneman dina Basa Sunda. > >>Dihandap aya wacana siaran televisi dina program acara "GolÄmpang". > >>GolÄmpang tÄh hartina sarua jeung tiguling. Lian ti Äta aya deui > >>hartina, nya Äta salahsahiji igel atawa tepak kendang kasenian penca > >>silat. Tapi, nu rÄk dicaritakeun dina ieu bacaan mah. "GolÄmpang" > >>salahsahiji acara, anu mayeng disiarkeun ku stasiun televisi lokal. Bandung > >>TV. > >>Ieu acara wangunna wangkongan, antara si penyiar jeung tokoh-tokoh Sunda, > >>seniman, juru atik, ahli basa jeung sajabana, Geura yu urang bandungan ! > >>Kabeneran eusina magunemkeun, naha enya ari basa Sunda tÄh hÄsÄ.. Nya > >>kitu deui tokoh anu diondangna, enya-enya ahlina. Kahiji Bapa Drs. Ano > >>Karsana, M.Pd. ( Ano ) DosÄn Basa Sunda ti UPI Bandung. Nu saurang deui, > >>Ibu Dra. Eulis Saputra ( Eulis ), Guru Basa Sunda di salahsawios SMP. > >>Sedengkeun prÄsÄnterna, Bapa Us Tiarsa ( UT ) > >> > >>UT : Haturan, wilujeng sumping sareng wilujeng wengi, hatur nuhun kana > >>kasumpinganana ka studio. > >> > >>Ano : Sami-sami. Sawangsulna hatur nuhun kana pangangkirna. > >> > >>Eulis : Wilujeng wengi ! > >> > >>UT : Rupina bade ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat, anu kagungan > >>anggapan, yen basa Sunda tÄh hÄsÄ. Dugi ka maranÄhna, milih sasauran ku > >>Basa Indonesia, batan ngagunakeun basa Sunda. Tah, naha leres basa Sunda > >>tÄh hÄsÄ ? > >> > >>Ano : Namina ogÄ anggapan, tangtos teu acan kantenan leresna. Malih cÄk > >>sim kuring mah, Äta anggapan tÄh lepat kabina-bina. Ayeuna sim kuring > >>badÄ naros ka Pa Uus, hÄg waler sing jujur. Numutkeun Pa Uus, sesah mana > >>sasuran ngangga basa Sunda, sareng ngagunakeun basa Inggris atanapi Arab ? > >> > >>UT : Ku margi sim kuring mah urang Sunda, kantenan sesah kÄnÄh sasanggem > >>ku basa Inggris sareng basa Arab. > >> > >>Ano : Saleresna basa Sunda tÄh, henteu sesah teu sing, utamana pikeun > >>urang Sunda. Cenah Äta masarakat aya anggapan, majar basa Sunda hÄsÄ, > >>Äta mung raraosan. Biasana pÄdah dina basa Sunda, aya nu disebat > >>tatakrama basa. Undak-usuk basa disebatna, upami kapungkur mah. Aya basa > >>lemes, aya basa kasar. Padahal asal dibiasakeun, dijamin henteu hÄsÄ teu > >>sing. > >> > >>UT : Kumaha pamendak Bu Eulis ? > >> > >>Eulis : Nu mawi Äta nu kedah diusahakeun ku urang tÄh. Ngarobah sikep > >>sabagÄan urang Sunda, supados ulah aya emutan, yÄn basa Sunda tÄh > >>hÄsÄ. Sapertos nu nembÄ disaurkeun ku Pa Ano. Sim kuring rada ngartos > >>sareng tiasa nyanggem ku basa Inggris. Tapi, numutkeun pangalaman, angger > >>baÄ langkung gampil nyanggem ku basa Sunda. Nya kitu deui dibandingkeun > >>sareng basa Indonesia, tetep langkung lancar ngagunakeun basa Sunda. Margi > >>tos biasa tÄa. > >> > >>Ano : Leres, da basa mah sanÄs apalkeuneun, namung anggoeun. Sareng naha > >>dikinten urang Sunda nu sasauran ku Basa Indonesia, basa Indonesiana > >>laleres kitu ? Malih apan lÄtah urang Sunda kasohor sesah upami diajak > >>mamalayuan tÄh. BÄnten sareng urang Jawa atanapi urang Sabrang.. > >> > >>UT : Janten ari kitu mah, majar basa Sunda sesah tÄh, henteu leres ? > >> > >>Eulis : Lepat pisan. Sakali deui, asal dibiasakeun, basa naon-basa naon > >>ogÄ, tinangtos bakal gampil. > >> > >>UT : Namung ayeuna mah geuning, ulah di kota, di pilemburan ogÄ, ngawitan > >>seueur nu nyariosna mamalayuan. > >> > >>Eulis : Leres. Contona di lembur sim kuring. Nanging punten moal > >>disebatkeun, lembur naon-lembur naonna mah. Seueur barudak aralit, > >>niru-niru urang Batawi. Nggak mau, pÄngin makan, biarin, cenah. Da Äta > >>panginten dipirucaan ku sepuh-sepuhna. > >> > >>Ano : Janten emut kana dongÄng rÄrÄncangan. Aya urang lembur, di damel > >>di Jakarta. Teu acan pati lami, nembÄ sataun jalan. Waktos mulang lebaran, > >>siga nu tos hilap pisan kana basa Sunda. Nyarita sareng sasaha tÄh, teu > >>welÄh nurutan Si Mandra. Elu, guÄ sareng sajabina. Kacaturkeun > >>piÄnjingeun manehna wangsul deui ka kota, ditaros ku tatanggana. Iraha ka > >>Jakarta deui ? Jawabna tÄh : "BÄsok". Ditaros deui, rÄk wayah naon ? > >>kumaha pokna ? BÄsok-bÄsok. > >> > >>UT : Maksadna mah panginten isuk-isuk. > >> > >>Ano : Leres. > >> > >>UT : Tadi disebatkeun, pangna dianggap hÄsÄ tÄh, ku margi aya tatakrama > >>basa tÄa. Sarieuneun lepat rupina. Batan lepat mending ngagunakeun basa > >>Indonesia. Utamina barudak ngora. Kumaha pamendak Bu Eulis ? > >> > >>Eulis : Naha ari dina basa Indonesia, basa Inggris, sareng basa Arab, teu > >>aya tatakrama basa kitu ? Aya, aya pisan. Contona dina basa Indonesia. > >>Mustahil ka prÄsiden nyebat lagi makan atanapi tengah tidur. Pasti nyebat > >>tÄh lagi bersantap. Tengah istirahat. Sarengna deui jumlahna ogÄ, da > >>henteu seueur-seueur teuing. Moal aya satai kukuna, upama dibandingkeun > >>sareng ngapalkeun robahna kecap dina basa Inggris atanapi Arab.,j > >> > >>Anu : Ah, nya Äta atuh, urang Sunda mah sakapeung sok rada hÄngkÄr. > >>Gampil ÄlÄhan. > >> > >>Eulis : Rupina kedah aya kampanyeu husus. Nyebarkeun pamflÄt, saur saha > >>basa Sunda hÄsÄ ! > >> > >>UT : AÄh, teu karaos, parantos ampir sajam. Ku margi kitu, kanggo > >>samentawis, wangkongan tÄh urang pungkas. Ka payun urang sambung deui.. > >>Hatur nuhun. > >> > >>============ ========= ========= == Drs.H.Maman Moch Dachman.. MBA. Jl. > >>Margajaya V. No. 5 Bandung - 40224 visit; maman.mochdachman@ gmail.com http > >>://abahbandung. blogspot. com ============ ========= ========= == > >> > >>Lebih Bersih, Lebih Baik, Lebih Cepat - Rasakan Yahoo! Mail baru yang Lebih > >>Cepat hari ini! http://id.mail. yahoo.com > >> > >> > >> > > > > > > > > > > > Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari > email atau jaringan sosial Anda sekarang! > http://id.messenger.yahoo.com/invite/ >

