Kaayaan kitu ku kuntjaraningrat (asana dina buku naon nu dibaca di KITLV leiden) dipake pikeun miteskeun teori yen "urang baduy teh nu kabur tea ti pajajaran" tea cenah. Sabab jaman pajajaran, teknologi nyieun gentong gerabah geus dipikawanoh. Mun urang baduy oge nyieun gentong, karek kaharti mun maranehna enya nu kabur ti pajajaran tea.
_____ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Kumincir Wikidisastra Sent: Thursday, May 06, 2010 1:40 PM To: Kusnet Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] pabeasan padaringan wadah beas nya kitu we meureun model di urang... sanajan loba nu pagaweanana ngaput, jarumna mah teu nyieun sorangan, tapi ngadatangkeun ti cina... sikandar kumincir.blogspot.com 2010/5/6 mj Ngan nya kitu, unikna, sanajan gentong pabeasan teh wadah wajib kudu aya di unggal goah, di baduy, teu aya warga nu nyieun gerabah gentong kitu. Hartina meureun teknologi gerabah teu kakuasai, teu cara nyieun bedog, di baduy kampung nu kakoncara kampung batubeulah. Jadi si gentong pabeasan teh meuli ti luar. Ari urang kp kuta kp naga mah meuli ka pasar garut, salawu atawa singaparna, ari urang baduy mah cenah sok meuli kanu jualan nu datang ti luar. Kitu deui seeng. Sanajan wajib aya paranti nyepan sangu, teu dijarieun ku urang dinya, tapi meuli ka luar atawa aya nu jualan ka baduy.

