Soal upacara adat anu patula-patali jeung pare (Sang Hiyang Sri) asana kang Nana Munajat Dahlan - guru seni tari di SMKI Bandung - kungsi nyaritakeun masih lengkep aya di salah sahiji kampung di wewengkon Subang. Ieu upacara lengkep ti mimiti melak pare nepi ka nyimpenna di goah. Lamun Mj aya minat rek ngobrol sareng kang Nana si kuring Insya Alloh bisa nepungkeunana
(kebeneran kamarina malah kang Nana - sareng rakanana, kang Nunu - kurator Taman Budaya aya ka kantor kuring, ngobrolkeun rencana festival Bandung Barat anu hayang dieusian ku koregrafi sejarah Bandung Purba atawa- ceuk anjeunna keneh - Atlantis sakalian. Si kuring bari nyerengeh ngaenyakeun wae heula sok sanajan hubungan antara Atlantis jeung Bandung Barat can kapanggih raratanana. Anjeunna janji ka kuring rek nepungan deui minggu hareup). Soal asal-usul urang Baduy memang masih rada misteri atawa can kabuka pisan rahasiahna. Aya saeutik pituduh dina peperenian ti salah saurang juru tulis jaro Daenah (aya keneh nyepeng pancen jaro kieu anjeunna?) anu ngait antara sajarah Baduy (urang Kanekes) jeung kampung Sareal (anu di Bogor?). Lamun nyawang agamana mah - pasna syahadatna, syahadat Adam tea - bisa jadi asal-usulna ti beh ditu keneh. Ngan meureun ngalaman sababaraha parobahan-parobahan atawa adaptasi jeung perkembangan kabehdieunakeun. Lamun kongang mah dilakukeun studi gen ka urang Kanekes teh (ceuk beja Disbudpar Jabar arek ngulem Openheimer dina acara seminar Atlantis taun ieu, mun jadi sabudeureun September-Oktober). Wallohu'alam. Sakitu heula. manar 2010/5/6 mh <[email protected]> > > > jigana perlu ditoong kabisaan urang kanekes seba ti mimiti iraha nya? memeh > burak pajajaran atawa saenggeusna. > > ngan mun noong kecap "seba" tangtu pakait jeung "patalukan" meureun nya. > piraku nu jaya seba onaman. nu jaya mah disebutna hadiah paling ge nya. > > mun kitu bisa jadi "enya" urang kanekes teh "imigran". > > 2010/5/6 Kumincir Wikidisastra <[email protected]> > >> >> >> tapi pan cenah osok seba... piraku, ongkoh nyumput tapi seba... >> >> sikandar >> kumincir.blogspot.com >> >> 2010/5/6 mh >> >> nya mungkin wae, meureun harita make jurus "nyumput buni di nu caang" tea. >>> salaha sahiji jurus eta cenah ngadeukeutan tempat lawan bari teu >>> katohian. >>> >> >> >> > >

