Nuhun kang.  Mung margi itu ieu di tatar sunda mah sarwa beda, jadina baris
lega teuing, janten fokus atawa studi kasusna ka tilu lembur we, kampung
kuta, kampung naga sareng baduy (conto kampung cikadu). 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of oman abdurahman
Sent: Thursday, May 06, 2010 8:04 PM
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] pabeasan padaringan wadah beas

 



Soal upacara adat anu patula-patali jeung pare (Sang Hiyang Sri) asana kang
Nana Munajat Dahlan - guru seni tari di SMKI Bandung - kungsi nyaritakeun
masih lengkep aya di salah sahiji kampung di wewengkon Subang. Ieu upacara
lengkep ti mimiti melak pare nepi ka nyimpenna di goah. Lamun Mj aya minat
rek ngobrol sareng kang Nana si kuring Insya Alloh bisa nepungkeunana 

(kebeneran kamarina malah kang Nana - sareng rakanana, kang Nunu - kurator
Taman Budaya aya ka kantor kuring, ngobrolkeun rencana festival Bandung
Barat anu hayang dieusian ku koregrafi sejarah Bandung Purba atawa- ceuk
anjeunna keneh - Atlantis sakalian. Si kuring bari nyerengeh ngaenyakeun wae
heula sok sanajan hubungan antara Atlantis jeung Bandung Barat can kapanggih
raratanana. Anjeunna janji ka kuring rek nepungan deui minggu hareup).

Soal asal-usul urang Baduy memang masih rada misteri atawa can kabuka pisan
rahasiahna. Aya saeutik pituduh dina peperenian ti salah saurang juru tulis
jaro Daenah (aya keneh nyepeng pancen jaro kieu anjeunna?) anu ngait antara
sajarah Baduy (urang Kanekes) jeung kampung Sareal (anu di Bogor?). Lamun
nyawang agamana mah - pasna syahadatna, syahadat Adam tea - bisa jadi
asal-usulna ti beh ditu keneh. Ngan meureun ngalaman sababaraha
parobahan-parobahan atawa adaptasi jeung perkembangan kabehdieunakeun. Lamun
kongang mah dilakukeun studi gen ka urang Kanekes teh (ceuk beja Disbudpar
Jabar arek ngulem Openheimer dina acara seminar Atlantis taun ieu, mun jadi
sabudeureun September-Oktober).  Wallohu'alam.


Sakitu heula.

manar

2010/5/6 mh <[email protected]>

  

jigana perlu ditoong kabisaan urang kanekes seba ti mimiti iraha nya? memeh
burak pajajaran atawa saenggeusna.

ngan mun noong kecap "seba" tangtu pakait jeung "patalukan" meureun nya.
piraku nu jaya seba onaman. nu jaya mah disebutna hadiah paling ge nya.

mun kitu bisa jadi "enya" urang kanekes teh "imigran".

2010/5/6 Kumincir Wikidisastra <[email protected]>

 

tapi pan cenah osok seba... piraku, ongkoh nyumput tapi seba...

sikandar
kumincir.blogspot.com 

2010/5/6 mh

 

nya mungkin wae, meureun harita make jurus "nyumput buni di nu caang" tea.
salaha sahiji jurus eta cenah ngadeukeutan tempat lawan bari teu katohian.

 

 









Kirim email ke