Dina buku Baduy, karangan Sursa (Surya Saputra, guru di Bogor, nu taun 1950
nalungtik Baduy), aya carita yen ti jaman karajaan Banten sultan naon kitu,
urang baduy utamana nu petinganana-nu jagoan bin cerdas, sok milu ngurus
nagara banten. Hartina, kanekes baduy ti baheula aya patula patali jeung
banten. harita mah wewengkon baduy/kanekes teh lega keneh teu cara kiwari nu
cenah ngan ukur 5000 hektar leuwih saeutik. 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of mh
Sent: Thursday, May 06, 2010 7:22 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] pabeasan padaringan wadah beas

 



jigana perlu ditoong kabisaan urang kanekes seba ti mimiti iraha nya? memeh
burak pajajaran atawa saenggeusna.

ngan mun noong kecap "seba" tangtu pakait jeung "patalukan" meureun nya.
piraku nu jaya seba onaman. nu jaya mah disebutna hadiah paling ge nya.

mun kitu bisa jadi "enya" urang kanekes teh "imigran".

2010/5/6 Kumincir Wikidisastra <[email protected]>



tapi pan cenah osok seba... piraku, ongkoh nyumput tapi seba...

sikandar
kumincir.blogspot.com 

2010/5/6 mh

 

nya mungkin wae, meureun harita make jurus "nyumput buni di nu caang" tea.
salaha sahiji jurus eta cenah ngadeukeutan tempat lawan bari teu katohian.

 









Kirim email ke