Lamun ningal dina eta buku memang teu togmol nyebut urang Sunda. Ngan,
daratan Sundaland disebut-sebut. Leuwih jauh, kumaha perjalanan mankind
(samemeh Atlantis bubar atawa nepi ka jaman Atlantis) ti Openheimer bisa
diilikan di alamat ieu: http://www.bradshawfoundation.com/journey/

Dina situs eta jelas kagambarkeun yen Sundaland jadi puseur/sumber kadua
penyebaran mankind (peopling) atawa pembentukan bangsa-bangsa saba'da
kajadian bituna kompleks Gunungapi Toba.

------

Masalah hebring atawa pede ieu jadi catetan oge. Ningal bangsa2/nagara2 lian
leuwih-leuwih pede. Karek boga saeutik ciri-ciri anu mirip Atlantis - malah
aya anu teu boga pisan ciri-ciri dimaksud - geus warani cocorowakan yen
Atalntis nu leungit teh aya di wewengkona nagarana. Spanyol, contona, pedah
Selat Giblartarna aya anu nyebut-nyebut salaku patilasan Atlantis, langsung
wae nyieun monumen Taprobane jeung ikon2 Atlantis sejenna. Hebring jeung
pede pisan nepi ka loba turis - boh turis umum atawa turis ilmiah -
ngaranjang ka Spanyol.

Ari di urang? ceuk Santos ampir 100% ciri-ciri Atlantis (versi anjeunna)
kacumponan ku Indonesia (Sundaland) kalawan teu aya anu siga Indonesia. Na
make teu pede?

manar





2010/5/6 Kumincir Wikidisastra <[email protected]>

>
>
> Mani hebring... Padahal dina bukuna Eden in the East, asana (Stephen)
> Oppenheimer teu kungsi nyabit-nyabit urang Sunda... :P
>
> sikandar
>
> 2010/5/6 oman abdurahman
>
>>   Soal asal-usul urang Baduy memang masih rada misteri atawa can kabuka
>> pisan rahasiahna. Aya saeutik pituduh dina peperenian ti salah saurang juru
>> tulis jaro Daenah (aya keneh nyepeng pancen jaro kieu anjeunna?) anu ngait
>> antara sajarah Baduy (urang Kanekes) jeung kampung Sareal (anu di Bogor?).
>> Lamun nyawang agamana mah - pasna syahadatna, syahadat Adam tea - bisa jadi
>> asal-usulna ti beh ditu keneh. Ngan meureun ngalaman sababaraha
>> parobahan-parobahan atawa adaptasi jeung perkembangan kabehdieunakeun. Lamun
>> kongang mah dilakukeun studi gen ka urang Kanekes teh (ceuk beja Disbudpar
>> Jabar arek ngulem Openheimer dina acara seminar Atlantis taun ieu, mun jadi
>> sabudeureun September-Oktober).  Wallohu'alam.
>>
>
>  
>

Kirim email ke