Heuheu..enya puguh we. Piraku oge baheula teu apal dimana lebah lebahna
karajaan banten. Mun eudeuk ka belah wetan nya. Ngajauhan. Tapi dina asal
usul baduy, aya versi eta.  

 

Carita sejen, basa ciung wanara rek males pati dendam, manehna ngumpulkeun
pasukan di gegersunten, meureun nu ayeuna tambaksari ciamis, pikeun nyerang
ka karangkamulyan tea. Ngadeukeutan tapi tangtu rerencepan. 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Kumincir Wikidisastra
Sent: Thursday, May 06, 2010 2:24 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] pabeasan padaringan wadah beas

 



Su'al kabur ti Pajajaran (basa dirurug Banten tangtuna ge nya?), asa teu
cageur... piraku kabur ngadeukeutan nu narajang...

sikandar
kumincir.blogspot.com

2010/5/6 mj 

Kaayaan kitu ku kuntjaraningrat (asana dina buku naon nu dibaca di KITLV
leiden) dipake pikeun miteskeun teori yen "urang baduy teh nu kabur tea ti
pajajaran" tea cenah. Sabab jaman pajajaran, teknologi nyieun gentong
gerabah geus dipikawanoh. Mun urang baduy oge nyieun gentong, karek kaharti
mun maranehna enya nu kabur ti pajajaran tea.









Kirim email ke