Aeh enya kang RH, gandarewo sareng tuyul kalangkung. Kuring kungsi boga 
pangalaman jeung "tuyul", jurig budak leutik nu sok malingan artos receh 
teh. Kieu yeuh dongengna. Boga dulur, dulurna pamajikan, teuing ku percaya 
kana nu mistik-mistik teh, sagala rupa kajadian pasti dihubungkeun jeung 
mistik. Hiji waktu manehna nganjang ka imah, ngadongeng, manehna teh keur 
keuna kasusah, duit setoran ti angkot ( boga usaha sampingan kana Angkot, 
Angkutan Kota) sok laleungitan wae,  tapi leungitna  teu sadayana, ukur 
artos receh, tapi jumlahna tiasa dugi ka 10 rewu-20 rewu dina sadinten. 
Padahal cenah artos setoran ti supir teh disimpen dina laci nu dikonci. 
Koncina oge nu terang ukur manehna, istrina jeung putrana. Manehna nuduh ieu 
teh pagawean tatanggana miara tuyul. Sanajan kuring lain ahli dina dunya 
"tuyul", kapaksa mere sumbang-saran ka kidulur teh. Kieu cik teh :" Akang 
pan gaduh putra nu nincak rumaja, cik tingalikeun kalakuanana. Sok dipasihan 
sabaraha artos jajanna? teras naon wae nu dipeser sadidintenna. Ngaleuwihan 
artos jajanna henteu. Tah upami budak teh jajan ngaleuwihan ti jatah 
jajanna, tapi teu nyuhungkeun artos deui ka akang, Akang kedah curiga, 
meunang duit timana eta budak teh. Ulah atoh budak jajan teu nyuhungkeun 
deui artos ka urang teh"

Dikitukeun teh manehna jiga nu teu ngeunah, meureun rada kasigeung, budakna 
disangka "tuyul" ku kuring. Gancangan we obrolan "tuyul" jeung manehna teh 
disalenggorkeun, bisi manehna tambah kasigeung.

Heuleut saminggu, kuring meunang beja ti pamajikan, kidulur teh nyabok 
anakna, nu kapanggih keur ngabongkar konci laci tempat nyimpen artos. 
Kidulur teh panasaran jigana mah, ngaganti konci laci, bari kulawargana teu 
aya nu dipasihan terang ..........

Baktos,
WALUYA


----- Original Message ----- 
From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Kang Wly,
>
> Ari 'gandarewo' jeung 'tuyul' bisa diasupkeun kana spesies jurig teu?
> Ke, ari definisi jurig tea naon nya? Sigana mah perlu pisan nyieun
> kriteria... engke lamun aya mahluk lain jurig, pek diasupkeun kana
> wangsa jurig... ngamuk meureun. ;)) Ngaran na ge jurig... boga hak
> pikeun ngamuk!
>
> Iy... baraid teuing. Sieun ngaririwaan!
>
> rh



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke