From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>

> Anu kieu jurig naon Kang?
>
Tah eta teh disebat "kakayaan batin" urang Sunda, ceuk "tukang teori" mah 
kang RH. Kapercayaan manusa kanu gaib-gaib biasana mah tara jauh jeung 
lingkunganana. Manusa nu deukeut gunung, mujana teh ka gunung. Manusa nu 
disisi laut, mujana teh kanu "ngawasa" laut. Kuring kungsi padungdengan 
jeung baraya di millis sabeulah (millis dulur keneh), kulanataran eta baraya 
teh  keukeuh peuteukeuh hayang miceun upacara taunan, seba keur ka pangawasa 
laut Kidul ( Nyai Loro Kidul).  Sabab ceuk manehna mah eta teh musyrik. Enya 
meureun bener kitu, ceuk kuring teh. Tapi urang oge kudu ngarampa hate kaum 
pamayang (nelayan) kunaon manehna sok ngayakeun korban jiga kitu. Pamayang, 
hirupna unggal poe ngagantung ka laut, tapi nu aranna laut sakapeung bageur, 
sakapeung mah malah sok "ngamuk". Hirup pamayang unggal poe lir ibarat nece 
taraje dinu gawir nu lungkawing, salah saeutik bisa tigudubrag cilaka, tepi 
ka hanteuna. Teu aneh, sanajan Islam geus diagem, kapercayaan ayana 
"pangawasa laut" teh tetep hirup dikaum pamayang. Islam, jarang (atawa malah 
teu aya) nu nyarioskeun kahirupan pamayang, tapi seuseueurna nyarioskeun 
manusa nu hirup di sagara keusik. Atuh puguh, batin kaum pamayang teh tetep 
teu kaeusieun, da kulantaran "beda lingkungan". Ka baraya nu keukeuh 
peuteukeuh teh kuring nulis  kieu :" Ulah itu salah, ieu salah, sabab ari 
urang mah beda jeung manusa nu hirup ti laut. Urang mah cicing jeung 
didamel di kota ageung, ruangan tiis nganggo AC, bade ibadah, tafakur 
fasilitas aya. Hirup oge teu kaancam unggal poe, teu jiga pamayang nu 
angkleung-angkleungan di sagara, nu tiasa wae hiji waktu mah eta sagara 
tempat neangan kipayah teh ngamuk, nyandak nyawa".

Mulang deui ka masalah jurig. Kuring kungsi maca dina ensiklopedia , Jin 
(Genie dina basa Inggris), dedemit asli kapercayaan urang Arab. Jin lamun 
rek ngajirim, sok digambarkeun ku kaluar haseup terus muter ngagedean nembe 
nganjangelek jadi bungkeuleukan. Hal ieu tiasa ditingali dina film-film 
kartun, jiga film Aladin meunang Walt Disney. Kitu deui kuring kungsi 
ngobrol jeung salah saurang nu ngaku dulurna bisa ngadatangkeun jin. Ceuk 
manehna, lamun dulurna ngondang jin, kadatangan jin ditempokeun ku ayana 
angin puyuh ( angin nu muter tea geuning).  Angin muter atawa haseup muter, 
di sagara keusik jiga di Arab hiji hal anu pikasieuneun, da meureun engkena 
jadi "badai keusik", nu bisa mindahkeun pasir jeung sagala rupana, tepi ka 
manusa leungiteun orientasi, alias bisa sasab di sagara keusik. Kapercayaan 
kana Jin, ceuk narator dina hiji film Documentary, mimitina mucunghul tina 
kasieunan kana badai keusik di sagara keusik. Jin di arab oge kabagi-bagi ku 
sababaraha "spesies". Nu asup ka lembur urang biasana disebut jin Iprit. 
Tapi aya oge "spesies" Jin nu asup ka Eropa, disebutna "Ghaul". Jin "Ghaul" 
kaasup jin carnivora, beuki daging, komo daging manusa mah ...........

Jin jeung Jurig di urang aya bedana. Umumna sagala spesies jurig di urang, 
asal muasalna ti manusa keneh. Kunti, ririwa, onom tadina manusa nu robah 
jadi bangsa dedemit. Tapi jin dipercaya  sabangsa mahluk nu jiga manusa. 
Kawin mawin, Anak baranahan,  bisa pupus  jeung mahluk sosial jiga manusa. 
Jin oge dipercaya nyieun karajaan Jin. Urang Badewi di Sagara Keusik Arab 
percaya karajaan Jin teh aya dijero taneuh. Waktu urang Amerika pagawe 
minyak loba nu hobina asup/ nyulusur kana guha-guha karang ( Spacetology 
kitu namina teh?) nu loba di tanah Arab,  urang Badewi teh mimitina mah 
nyangka urang Amerika teh rek merangan jin!

Tos ah .......ngacaprukna. Tapi ieu sumber ngacaprukna : Ensiclopadia 
Americana, film Aladin Walt Disney, film documentary BBC(?),  artikel  Usep 
Romli dina PR. Nara sumber ti kaum jin? teu acan mendak, cik lah sugan aya 
baraya anu terang, kanggo ngalengkepan ngacaprukna , supados "berimbang" 
........hehehehehe


Baktos,
WALUYA
 



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke